Enya kitu ari dina warta mah, sakumaha kasaksian dina TV tadi isuk. Ngan sigana kudu rada ati-ati nyikepanana, kusabab sababaraha perkara. Samemehna, Innaa lillaahi wa innaa ilaihi rooji'uun, ngiring bela sungkawa ka kulawarga anu dikantunkeun, pamugi aya dina katawekalan. Ka anu dikantunkeun, jalaran murangkalih keneh, Insya Alloh janten "cengcelengan" anu mapag sepuhna dina kaayaan kabagjaan di yaomil akhir engke.
Ngeunaan "perilaku" para pangangung dina kaayaan bancangpakewuh di Aceh, memang loba kabejakeun kurang nyugemakeun. Dina sababaraha warta disebutgkeun, kalancaran para relawan jeung bantuan keur korban bencana di Aceh rada kahalangan ku urusan protokoler karana aya "kunjungan pejabat". Karana sakitu matak ngamudaratkeunana, dina salah sahiji warta mah aya anu ngusulkeun sangkan "stop bae kunjungan pejabat ka Aceh" teh cenah, sabab anu leuwih diperlukeun di ditu mah taya lian ti tindakan nyata. Ngeunaan pasen anu kritis anu bade dioperasi tur teu sawatara lila ngantunkeun, aya kamungkinan dina diopetasina oge moal kiat. Hapunten, sanes bade miheulaan katangtuan Pangeran, namung para dokter tos uninga, yen operasi teh lain siga sulap kitu bae-sim sala bim-nyalametkeun nyawa. Ceuk dina warta, gesehna waktu antara anu sakuduna eta operasi dilakukeun tapi kahalangan ku acara seremonial mapag pangdeugdeug menteri sosial anu sumping ka RS teh ukur 15 menit. Ngandung harti, "daya tahan" pasen ukur 15 menit, hiji data anu heunteu pati ngarojong pikeun dilaksanakeun operasi ka eta pasen. Kumaha upami saparantos dilakukeun operasi ieu pasen teh malah ngantunkeun salami nuju dioperasi? Sok sanajan kitu, si kuring oge heunteu satuju upama sagemblengna proses di RS, utamana anu parenting saperti tindakan ka pasen, tepi ka kahalangan ku ayana pangdeugdeug pajabat ka eta RS. Dina lebah dieu sigana sang menteri oge heunteu miharep tepi ka kitu. Si kuring masih boga kayakinan, yen tangtu menteri oge upama dipenta pamadegan, baris ngahulag sadaya karyawan RS, utamana anu bade ngaoperasi, tepi ka kudu nunda tindakan operasi ukur karana keur upacara mapag anjeunna. Kukituna, eta kajadian teh leuwih nuduhkeun kabiasaan sikep para pagawe negeri ka atasan luhurna di urang anu geus sakuduna aya parobahan. Pamugi kapayun heunteu aya deui kajadian sarupa kitu. Baktos, manAR --- In [email protected], Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baraya.. > Innalillahi Wa Inna Ilaihi Rajiuun..... ngiring bela sungkawa deui ka korban > Tsunami anu tiwas deui... > kuring mah ngarasa sedih oge keuheul... > Ngilu Sedihna kanu jadi kolot eta budak anu geuningan kamari dikabarkeun > kapanggih salamet nyawaan keneh, terus geus dilakukeun sagalana ku kolotna > dibawa ka RumKit di Jkt... > kamari dina Berita budak teh geuningan tos ngantunkeun... emang ieu mah tos > Kersaning Allah, panginten anu pangsaena jang eta budak.. > tapi duka tah, meun eta pihak Rumah Sakit jeung Dokterna utamana mah eta > Menteri boga Uteuk boga rasa sadar rehna nyawa eta budak teh leuwih penting, > pasti mihelakeun dilaksanakeun heula operasina eta budak tibatan mentingkeun > Nyai Menteri anu rek ngalongok.. .da ari ngalongok mah saenggeusna operasi > ge bisa... eta tah keuheulna kanu jadi pajabat di urang... > > jigana ieu mah jigana, meun teu ditunda gara gara eta sakadang Menteri.. > meureun budak teh bisa kasalametkeun... > > Pajabat DI Indonesia mah mentingkeun pamor, jeung hayang kataji ku Rakyat > yeuh aing boga rasa sosial jeung ka manuksiaan... datang > ngalongok..geuningan hasilna ngadon ngariwehkeun... eta buktina Relawan anu > nyata nyata rek ngabantuan tanaga jeung sagalana...nepikeun katalangsara teu > indit indit wae..... mentingkeun kunjungan Pejabat jeung Artis... > > punten ah tos ngacapruk yeuh.. bakating ku keuheul wae ieu mah... ka Pajabat > urang... > > Salam kadeudeuh > > ����p Wahyu ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

