Duh Gusti, lamun enya teh ieu beja, mani matak harareneg kieu kang
Agus. Kakara ge kuring ngarasa reueus pedah eta maca editorial Media
Indonesia, nu muji TNI jeung polisi nu peranna dina nulungan urang
Aceh kacida alusna. Tapi mudah-mudahan beja ieu aya nu klarifikasi,
sabab lamun enya, duh kacida teuing sifat bangsa urang teh.

Aya deui nu matak ngeselkeun teh. Soal raributna komentar pedah loba
tantara asing di Aceh, utamina mah ku haladirna tantara AMerika jeung
nagara barat sanesna nu ngilu mantuan di Aceh. Teuing naon maksudna,
make teori konspirasi sagala rupa. Padahal nu ngomentaran teh lain
korban, lain pangungsi jadi kurang relevan ngaributkeun identitas nu
narulungan. 

Keur Korban jeung pangungsi, "bandera" atawa identitas  nu nulungan
teu diperlukeun, rek urang Indonesia atawa rek urang asing, rek Islam
atawa non Islam, rek TNI atawa GAM, Rek Amerika atawa rek urang ARab,
teu penting, nu penting bisa narulungan nyawa korban jeung pangungsi.
Kuring lain melaan Amerika, tapi saha nu bisa nyumbangkeun helikopter
komplit jeung pilotna nu sakitu lobana (47 helikopter!) keur
nembus-nembus daerah nu ka isolasi lamun henteu kapal induk amerika
pipilueun. Nulungan Aceh lain ukur ku sumanget wungkul, tapi oge kudu
didukung ku alat-alat nu canggih, nu saeutik pisan dipikaboga ku
nagara urang. 

Hanjakal pisan, para elite politik di urang, ceuk kuring mah laloba
teuing omong, omong tanpa bukur, tungtungna hasilna lain baleg,
kalahka ...........

Baktos,
WALUYA

-- In [email protected], "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Sukarelawan M'sia dipaksa beri wang rasuah dalam perjalanan ke Aceh
> Arfa'eza A Aziz
> Jan 13, 05 6:08pm 
> 
> Sekumpulan sukarelawan Malaysia terpaksa memberi wang suapan sewaktu 
> melalui pusat pemeriksaan tentera di sempadan Medan-Aceh semalam 
> ketika dalam perjalanan untuk menghantar bekalan perubatan dan 
> bekalan lain kepada mangsa tsunami. 






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke