hihihi... lucu.. sok kang syam ngadongeng deui ah....
 
wassalam,
~ina
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 14, 2005 9:56 AM
Subject: [Urang Sunda] 7 Mitos Mandi

Wargi sunda saalam dunya, aya kapercayaan atawa bisa disebutkeun mitos dimasarakat, ngeunaan anu aya hubunganana jeung mandi. Dina sakitu lobana mitos eta urang guar tujuh siki, nyaeta mitos saperti kieu :
 
1.Lamun awak keur kesangan atawa tas olahraga ulah langsung mandi, cenah sok paru paru basah. Nu bener ceuk ahlina lamun awak keur kesangan, pembuluh darah teh ngagedean, kukituna lamun langsung diguyur kucai,  bakal ngabalukarkeun kagangguna kasehatan jantung. Jadi, leuwih alus sabada olahraga utamana lari pagi, ulah langsung gebrus mandi, atuh matak naon nongkrong heula itung itung reureuh, susuganan aya nini- nini ngaliwat make bikini.
 
2. Tas dahar ulah langsung mandi, cenah matak  beuteung bucitreuk kawas nu cacingeun. Nu bener euweuh hubungan antara mandi jeung bucitreukna beuteung.  Jadi lamun beuteung bucitreuk kawas nu cacingeun lain lantaran kabiasaan tas dahar  langsung mandi, tapi geus bisa dipastikeun alatan  telat nginum kombrantrin.
 
3. Ulah mandi dina wanci  peuting cenah sok rematik. Nu bener lain matak rematik tapi matak asup angin jeung olok sabun deuih, lantaran mun beurangna geus mandi nek nanahaon peutingna mandi deui.
 
4. Keur kajangkit cacar cenah ulah mandi. Nu bener, lamun awak keur muriang galingging panas tiris kakara ulah mandi komo mandina bari humarurung tur hahariringan mah.
 
5. Mandi ku cai panas cenah leuwih beresih tibatan ku cai tiis. Nu bener, mandi ku cai panas ngabalukarkeun kulit kering, komo ku cai ngagolak mah matak ngalepuh.
 
6. Mandi kembang tujuh rupa wanci tengah peuting cenah sok tereh meunang jodo. Nu bener mandi tengah peuting mah matak ngayekyek tiris. Lamun hayang geura  meunang jodo, cobaan geura mandi dikolam renang umum heug dina tonggong jeung dada make tulisan kawas kieu : Uing jomblo keneh euy! mun bogoh ka uing sok udag! Pasti langsung aya nu ngudag, bari jegug jegug ngagogog.
 
7. Lamun tara mandi cenah sok bau embe. Tah eta mah enya BENER !
SR




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to