Wilujeng Enjing ka Baraya sadayana..
bade naros yeuh...eta Leuweung Tiis teh anu kalangkuangan upami bade ka pamengpeukkeun, sanes?
kumargi taun '94 an lah, kantos diajak ameng ku rerencangan ka namina teh daerah naon, tapi ka Pamengpeuk teh masih rada tebih.. pokona endahlah daerahna teh.. aya air terjun na ( air terjun sundana naon?? )
eta oge manawi teh cakeut ka eta air terjun teh, ari pek cenah tebih nya bedo wae palay nyaketan eta air terjun teh...
tah uihna tidinya, kan hujan lumayan ageung.. na eta mah muhun pas ngalangkungan leuweung tiis, tanehna longsor sakedik, mani reuwas, da pas gentosan abdi piwarang calik dipayun ( biasa dihareureuyan da baheula teh pangngorana jeung bubudakeun keneh pisan ) untungna rerencangan teu mengparkeun stir ka katuhu teu tarik teuing, Alhamdulillah teu tigebrus ka jurangna...
 
sok kaemutan keneh, iraha tiasa deui ameng ka daerah dinya....
 
cag ahh...

Salam Baktos

Çéçép Wahyu

-----Original Message-----
From: Z.A. Muslim [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, January 14, 2005 4:29 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] NEPANGKEUN

Tatali batin nu ngembat panjang antara hate jeung hate,
Nu sok remen dipake leumpang duaan na lelembutan,
Eulis, teuteup bulan masing anteb,
Kalangkang urang duaan teu ingkah-ingkah ti dinya.
 
(Tapi pan ari bangbara aya mangsa kudu hiber,
Lebar temen kembang asih diseuseup teu eureun-eureun)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke