Hatur nuhun kang Kumi infona, sumuhun pangaos sapi teh kirang langkung sakitu.....dumeh minggon kamari mah teu acan aya anu icalan sapi di perkotaan, ayeuna mah di unggal tegalan seueur anu icalan sapi, nya gampil naroskeun teu kedah sesah ka tempatna sapi.anu tebih. Ieu oge parantos persiapan meser besek kanggo bagian anu kurban, nya aya kesepakatan tina hiji kambing kanggo anu kurban cekap pinggingna wungkul, tah upami sapi nya dikinten-kinten wae tiasa atina sapi, atanapi huluna.....
Mudah-mudahan urang tiasa ngiring kurban engke dina waktosna.
 
Salam
teh tien
( cenah upama urang kurban kedah nyaksian mencit eta sapi atawa kambing, leres kitu..? )
 


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Perkawis hukum2 nu patali sareng masalah kurban, saena ngarujuk ka
dalil-dalil anu soheh nu ku urang tiasa dibaca dina buku2 tungtunan
ibadah. Sakaterang mah kieu...
- kurban hiji domba nyekapan (lumaku) kanggo hiji kulawarga, sato
kurban nu leuwig badag kayaning sapi tiasa dikurbankeun ku atas nami
tujuh urang.
- sato nu dikurbankeun kudu sehat, teu cacad, sarta aya kasapukan
dipihak umumna ulama sangkan eta satokurban teh kudu geus cukup umur
(conto pikeun domba mah geus punglak tea)
- tina eta sato kurban, nu kurban gaduh hak kana dagingna: dituang,
disimpen, sarta disodakohkeun. Dina hal ieu, asana babagianana teu
ditangtukeun. Oge di masarakat kadang teu sami. Di tempat kuring
biasana panitia ngajatah sapertilu pikeun nu kurban, dua pertiluna
disodakohkeun. Tinu jatah eta, urang tiasa bae ngabagikeun deui...

Sakitu panginten. kanggo langkung lengkep, mangga aos buku2 tungtunanana.

Owh, muhun, perkawis harga sapi, rupi2 Teh Tien. Anu kualitas hade
(sapi brahmana nu beuratna ampir satengah ton misalna, hargana dugi ka
8 jutaan). Kanggo pastina mah pilari bae pasar2 sato kurban.

--
sikandar


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke