Haturan Kang Eddy, tos lami akang heunteu ngulampreng ka milist. Kaleungitan puguh ge, salami akang teu aya, heunteu mucunghul seratan-seratan kasundaan khas akang anu ngabeungharan peperenian kisunda.
Tina seratan akang si kuring jadi ngandelan kayakinan, yen ibadah sosial teh geuningan kalebet ibadah anu universal, saheunteuna, aya dina ritual sababaraha agama ageung. Dina agama Islam, ras emut pedaran salah sawios ahli sosiologi & Islam waktos anjeunna ngadadarkeun pedaran singket ngeunaan filosofis ibadah Qurban nyoko kana naon anu parantos dilaksanakeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim a.s. Saur anjeunna dina pamungkas seratanana kirang langkung kieu: Gusti Alloh "miharep" Ibrahim a.s ngorbankeun Ismail a.s, tapi heunteu miharep Ismail a.s jadi korban". Eta kalimah ringkes pamungkas seratan teh saeutik tapi patri, nandeskeun yen sadaya parentah jeung larangan dina papagon hirup teh taya lian ti ujian.
Parentah kurban, sakumaha seueur parentah agama lianna, bisa jadi kaasup parentah agama anu ngawadahan atawa ngalelempeng tradisi anu tos nyampak. Tradisi ngahormat tamu jeung ngajaga amanah anu geus nyampak di masyarakat Quraisy dikukuhkeun ku Islam jadi hiji kawajiban anu dicontoan ku Sunna Rosul-Na saw. Taya lian, sangkan kauniversalanana tetep kajaga, heunteu diselewengkeun jeung tetep lumangsung tug nepi ka poe akhir.
Dina Qurban, upamana, tradisi anu universal ieu dina "abad kegelapan" kungsi diselewengkeun jadi keur nyumnponan kaperluan lahir & bathin para gegedug hiji kaum, malah tug tepi ka manusa pisan anu dikorbankeunana. Wanci kiwari, heunteu aya asana teh ari manusa anu dikorbankeun nyawana mah. Ngan, ari manusa anu jadi korban mah masih keneh neba, kasaksian dimana-mana. Dugi ka, ceuk salah saurang da'i kondang mah cenah:"Ukur korban anu mindeng ngurbankeun (boh dirina, hartana atawa kulawargana) teh"
Rupina Kang Eddy dina pedaran ieu bade ngaguar adumanisna parentah Qurban jeung kasundaan. Mangga Kang, diantos pedaran saterasna.
Baktos,
manAR
Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi pangapunten bade ngiring aub deui tos +/-
sataun teu saba ka Kisunda/urang sunda�. gening tambih
euyeub� bingah pisan siga siga tawis budaya sunda teh
moal carem� teu hilap sim abdi nyanggakeun
assalamualaikum wr..wb�. haturan ka sadayana.
__________________________________
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
http://my.yahoo.com
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

