Teh Ina.   kumaha kabarna???  meni tara ngelol, kamana wae???
muhun teh Ina ... rupina kang Deni geumpeur bakating ko atuh tiasa tepang sareng baraya di alam maya janten we nami abdi katambahan ku "baktos" hehehe. maksad baktos panginten " hormat saya " kitu meureun. leres teu wa Sas ??? punten ah abdi ge teu terang basa indona naon.
 
Kang Deni... abdi di Purwakarta na di Cijantung, tebih keneh ka Plered mah, kacamatan na hungkul
Cijantung teh sateuacan Bendul upami ti arah Jakarta mah. sok atuh maranggi na di alungkeun ka Batawi hehehe teh Ina oge hoyong panginten. di antos maranggina ( heureuy ketang... seurius oge teu nanaon )
 
Kamal ( teu nganggo baktos deui ah )
 
----- Original Message -----
Sent: 17 January, 2005 3:44 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

wilujeng kenal kang Dani, abdi mah ina, kawit ti bandung, damel di jakarta.
 
kang Dani, hehe... kumaha eta teh nami kang kamal bet ditambihan ku "baktos"...
kedah ngabubur beureum & bodas deui atuh kang kamal na hehehe


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke