Tadi si kuring nga-print gambar kujang ti www.cimande.com, info ti Jalak Banten tea. Eta gambar dibabawa ka kantin. Aya babaturan nu mere komentar kieu: gambar kujang teh aya nu kurang, di antara dua pangadekna euweuh ruruhit. Nu bener mah kujang ngabogaan ruruhit si capit hurang. (Kuring jadi inget kana pedang dzulfiqor, lamun teu salah pernah dibahas di ieu milis sawatara taun katukang).
Panasaran ku kanyaho babaturan kana hal ihwal kujang, sim kuring tetelepek ka manehna, ti mana nyaho perkara kujang. Sihoreng babaturan teh pituin urang Sukabumi, deukeut Cisaat pisan. Puguh asa ditonjok congcot.
Ngan jadi henteuna mah ngengken nyieun kujang ka Cisaat, kumaha engke bae. Gumantung kana........................waragadna !
 
Hatur nuhun ka baraya nu geus mere info ngeunaan pandai kujang. Geus lila puguh ge si kuring hayang miboga kujang, da ari keris mah aya tiluna titilar kolot.
 
zam
 
(Kang JB, geuning nu boga situs Cimande teh bule nya ?)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke