Hihihi.. lucuuuuuu beneran asli lucu eta maling Hp teh..
sopan, tapi ngeuheulkeun..
sa sopan sopan na maok anger we maok
dasar !!!... ngaku2 mahasiswa deui..
 
Icho
nuhpnaogedipaok
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 18, 2005 2:25 PM
Subject: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul........

Pasosore balik gawe, luak-lieuk teu manggih batur. Srog ka warung kopi di Bandara Juanda, pikiran teh itung-itung reureuh da indung na budak keur ulin ka ua na, menta dijemput na engke rada peuting cenah. Kusiwel ngaluarkeun buku “sura seuri siga sero” kaluaran mailis kusnet. Eta buku teh eusina ringkesan humor sunda anu sering diposting di milis komunitas urang sunda di internet.

 

Biwir teh kuam-keom da kabawakeun ku eusi buku humor tea. Teu karasa kopi ge geus meh tiis. Barang ngalieuk ka gigir, ari gebeg teh reuwas da sing horeng korsi gigireun geus dieusian ku budak ngora bari jeung teu nyaho iraha diukna. Eta meureun bakating ku pogot maca buku.

 

“Dari Bandung ya kangceuk budak teh nanya ka kuring. “iyah  tembal kuring pondok.

“Saya juga lulusan universitas di bandung”. Teu diwaro da teu purun nembalanna oge bongan ngomongna ku basa malayu, ari kuring keur maca buku sunda jadi teu nyambung pikiran teh.

 

Pelenyun udud, da sungut geus haseum ti tadi nyuruput kopi bari maca nepika poho kana udud. Solongkrong budak teh ngasongkeun asbak ka hareupeun kuring. “Hatur nuhun” pok teh ngaajenan kanu haat mere asbak.

 

Di sidik-sidik budak teh kira-kira umur 28 taunan pakolot-kolot supa lah jeung mang Jamal mah. Buukna cepak rancung model budak jaman ayeuna. “Saya dulu tinggal di Jatinagor, wah sangat berkesan di sana, orang-orang nya baik-baik” ceuk eta budak ngawanoh keun ka kuring.

 

Ngadenge Jatinangor, kuring jadi curinghak, da rumasa Jatinangor mah geus teu bireuk deui keur kuring mah. Dumeh sakola di paguron luhur teh nya di Jatinangor. Saterusna mah uplek weh ngawangkong ngaler ngidul jeung eta budak teh. Ringkesna mah eta budak lulusan salah sahiji PTS di Jatinangor (moal disebut keun persisna mah).

 

Keur uplek ngawangkong, kurulung HP kuring disada. Teu katempo nomer sabaraha nu nelepon teh da monitorna keur rusak geus dua poe, jadi ngagebleg hideung weh monitor kasebelan teh. Singhoreng telepon ti dealer HP anu mere inpormasi yen HP kuring geus katinggaleun jaman jadi spare parts monitorna teu bisa diganti, wal hasil eta HP teh teu bisa di omean. Mentegeg hate teh narima inpormasi kitu, tuluy nelepon ka kantor sugan aya keneh jelema rek menta tulung pang mawakeun HP serep kantor saheulaanan rek di injeum, da kantor teh masih di wewengkon Bandara Juanda. Weleh euweuh nu ngangkat, sigana geus baralik kabeh. “Haram jadol…..” cekeng teh bari satengah ngababetkeun HP kana meja.

 

“Haram jadol itu apa artinya kangceuk eta budak nanya ka kuring.

“Kan kamu sudah lama di Jatinangor…, masa tidak tau artinyahtembal teh.

“Sudah lama sih iya, tapi kata “haram jadol” itu baru denger sekarang

“Haram jadol itu artinya “kamu mengagetkan saya”. Cekeng teh, da era atuh disebut jelema barangasan mah.

 

Geus kitu mah pogot deui kana buku bacaan. Sungut kunyam kenyom nahan seuri ngabandungan humor dina buku tea.

Teu karasa wanci geus nyerelek kamagrib, tuluy menta bon ka pelayan rek mayar kopi jeung lalawuhna. Ari direret korsi gigireun geus kosong. “Dasar bedul siah, indit teu basa-basi” gerentes hate.

 

Sanggeus mayar kopi, ras inget ka jangji rek ngajemput indungna budak. Poho deui jam sabaraha tadi menta dijemputna teh. Uyup-ayap kana pesak neangan HP rek nelepon indungna budak, weleh teu karampa. Ulak ilik kana meja. Euweuh didinya oge. Na kamana HP kasebelan teh.

 

Ras inget ka budak anu tadi, palang siang sigana dipaling meureun. Ulak ilik neangan budak tadi sugan kapanggih, tapi lebeng. Bari lungse ngalempoy balik deui ka kantor rek nyokot HP serep kantor, bari kukulutus sajajalan.

 

Karek oge cetrek mukakeun konci panto kantor, kadenge telepon kantor ngirining. Tuluy diangkat, “halo……” cekeng teh. “Ini akang yah…” ceuk sora dina telepon. Gebeg teh langsung apal kana sora eta jelema teh, sidik sora budak anu tadi. Nyel we ambek, karek oge arek ngagantawang nyarekan, budak teh kaburu nanya dina telepon. “Kang kalo ngidupin monitor HP ini gimana caranya

 

Da eta mah saharita ambek teh ngadadak leler, jadi hayang seuri anu aya. Tapi anger ari mentegeg mah masih aya keneh. Bari lalaunan tapi atra kuring ngomong ditompokeun kana telepon “Lebok siah….”. Eh dasar bedul, kalah malik deui nanya ka kuring “Kalau “lebok siah” itu apa artinya

 

“Itu artinya “kamu mengagetkan sayah” bari jebrod gagang telepon dibantingkeun kana tempatna.

 

Tah kitu para pamiarsa sadaya pangalaman kuring nepika ayeuna boga HP anu “aptudet” “nyurilis” “limitid edision”.

 

Wassalam,

Sobar di Surabaya.

 

 

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke