Haturnuhun Kang Dudi
asa bingah pisan diawartosan perkawis sajarah kasundaan di belah wetan. Ari Kang Dudi di tapel wates mana ? abdi oge asli mah ti Salem, kaleureusan ayeuna nuju di tanjung priok. 

geuningan ujung ujungna mah kusabab polah bangsa bule oge. abdi mah sacara pribadi prihatin oge. waktos SMP sakola ka daerah Brebes (ibukota) teu diangkeun urang jawa, eh basa neuraskeun sakola ka Bandung, eh malah cenah anjeun mah urang jawa. janten anak kawalon panginteun namina.
Sakali deui Haturnuhun utamina kana wartos buktos tulis (prasasti) di daerah purbalingga. insya allah kapayun bade ngajurung ka purbalingga. kaleureusan abdi reuseup kana sejarah kang dudi.
 
Sakadar info di daerah salem jeung sakitarna aya sababarah tempat / patilasan anu saur wargi satempat mah dihubung-hubungkeun sareng majapahit-pajajaran, tapi upami ku abdi ditaros ujung-ujungna carita mang carita. ceuk elmu mah teu kiat buktosna.
Perkawis aya hubungan sareng daerah sunda abdi oge satuju. Mung hanjakal pambinaan budaya kasundaan putus sareng puseur kasundaan di jawa barat. malahan di daerah abdi mah sanes budaya-seni sunda deui tapi kacirebonan. sabab kontak sareng cirebon langkung lancar tibatan ka Kuningan , Ciamis komo deui ka mBandung mah
Cag heula dugi kadieu
bade ningali heula murangkalih
teupang deui enjing


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke