ieu oot tina jejer awalna.
 
Kang Dede naha Jatigede jadi kapeurih ati?
Kang Dede teh ti kelompok mana Pro atawa Kontra? 
Pajarkeun anu demona eta-eta keneh boh anu pro atawa anu kontra... pan ceuk demontranna ge "kumaha anu mayar bae uing mah" he... he.... he... sugan, kitu ge padah wae ayeuna mah jaman "profesionalisme" alias sagala dibayar, sagala menta bayaran. 
 
Roda kudu ngalinding, padati kudu maju, Kang! padahal urang keur nyahareupan jalan marapatan......, tulungan Gusti "kudu milih jalan anu mana?"
 
urang sunda kudu tandang, komo sumedang pajarkeun  sumedang tandang nyandang kahayang.
lamun boga kahayang urang kudu gerak, lamun gerak hartina urang robah, muga-muga robahna jadi leuwih alus.
 
Wassalam
dudi_ss
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, January 18, 2005 4:24 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] gambar KUJANG

Euleueh aralusnya kang! abdi mah resep kana pakarang teh. AYa di abdi ge kujang..ngan ku-kujangan, meser duka timana hilap deui. Tapi sakainget abdi maha asa meser di Masjid Banten waktos piknik kadinya. Tapi duka ketang asa meser di sisi jalan hilap deui!
Resep kana pakarang teh,pernah meser bedog di Subang di candak ka Sumedang, ah da meni resep di candak we ka Jakarta. Asa sieun di jalan, sieun aya polisi ngarazia heug teh mawa pakarang.  Sieun di sangka rek mencit jelema, padahal mah keur pajangan. Eta oge keur sasadiaan bisa aya bangsat ka imah ketang! Disumputkeun we....
Di lembur mah upami ka leuweung sok nyoren pakarang (bedog jrr) asa panineungan.....di bawa Bapa ngala suluh.
 
De'Sah


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to