Wilujeng enjing ka Dhani.
Upami enjing pageto mendakan deui jalmi kitu, saena
dicangreud, talian sing pageuh bawa ka kantor pulisi
pang cangketna. Ulah ari langsung diteunggeulan mah
bisi disebutkeun "main hakim sendiri". Tah ari dibawa
ka kantor pulisi mah jelas dibawa kanu "berwajib"
supaya diproses saluyu jeung hukum yang berlaku di
nagara urang. Urang ulah sieun nyanghareupan jalma
kitu mah. Kitu manawi pamendak simkuring.
Cag ah.
Jaka
--- Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng enjing baraya,
> Kamari teh abi sakulawargi lebaran haji di Bogor,
> keluarga besar teh ngariung di Baranangsiang.
> Minggu pasosore mulang deui ka Bekasi tumpak beus
> duka naon namina mah hilap deui. Palebah beus dugi
> ka Jalan Tol ceuleungkeung aya nu ngadon pidato ,
> mimiti namah teu pati dipalire da paling oge ceuk
> pikir teh nu ngamen ngan make cara orasi, ari beuki
> lila geuning si nu pidato teh nyabit-nyabit Asma
> Allah, tah mimiti ku abi rada diperhatikeun naon
> eusi orasina, da eta mah baraya, matak
> pikareuwaseun, sabab manehna nyebutkeun yen nu
> ngaranna " Tuhan " mah sarua bae , rek ngaranna
> Allah, atawa Yesus, atawa Dewa, cenah sarua
> bae.Terus manehna maca sababaraha lafadz arab ( duka
> tina Qur`an duka sanes da kirang jelas ) bari terus
> dijelaskan ku bahasa Indonesia pajarkeun cenah teu
> kudu fanatik kana salahsahiji agama di alam dunya
> sabab kabeh agama eta sarua.ari geus anggeus mah
> orasina manehna teh ngadon mundur ngadeukeutan panto
> tukang, teu mentaan duit siga nu ngamen ieu mah.
> Kasimpulan abi mah ieu teh aya upaya pemurtadan anu
> terang-terangan di tempat publik , kahade ka baraya
> sadayana bilih aya praktek-praktek sapertos tadi di
> sabudeureun baraya, wayahna sing waspada. Atuh bilih
> aya baraya anu "berkompeten" dina menanggulangi
> masalah tadi mangga atuh geura ditindak, eta jalmi
> nu orasi gondrong, beresih tur kasep naek ti pintu
> Tol Baranangsiang ngan duka turunna dimana mah.
>
> Wassalam
> Dhanny
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
> your friends today! Download Messenger Now
__________________________________
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today!
http://my.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give underprivileged students the materials they need to learn.
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/