kumaha damang mj. Alhamdulilah Mj eta tuang rai teh lampar,tur seur kawani. nya nuhun pisan tuang rai tos tiasa ningali /mantuan baraya di aceh. mj ari cannok teh naon? eh...aya titipan di neng ani kanggo neng geulis.tos aya email teu acan ti neng ani?
salam nty --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Si andiw (si kendi tea, adi bungsu) geus mulang ti Meulaboh. Beuki hideng. > Ari gorengna mah geus ti baheula. Nu riweuh daria dicaritakeun ku manehna > teh, ngan naek Chinook we hayeuh. Di kulawarga, si eta memang nu can > ngajaran naek kapal. Sabot jadi relawan ka Aceh, nepi ka ngalaman naek > Chinook sagala. Eta, helikopter panjang nu kolecerna dua, di tukang jeung > dihareup. Nu ditumpakan ku manehna, ti Meulaboh ka Polonia Medan nu > tangtara Singapura. > > Kumaha wae maneh di Meulaboh? > Nya siga batur we, nganteur-nganteurkeun bantuan barang. > > Loba keneh mayit di Meulaboh? > Loba, di jalan-jalan ge aya keneh. Ampir tiap sababaraha meter. Manggih. > > Maneh lain mantuan ngangkut eta mayit? > Teu meunang ku tangtara. Kudu relawan khusus cenah. > > Lain maneh teh pan mawa alat penjernih cai tea? > Nu di bawa ti itb memang eta. Tapi di Batam, utamana Medco nitip bantuan, > oge di Medan. Jadi ngabagikeun bantuan eta oge. Alat penjernih cai tadina > rek nyokot caina di walungan, tapi teu jadi da bisi tercemarna parah. > Antukna ngabor heula. Nyieun sumur. Jero oge. > > Boga mesin bor? > Dikirim ku Medco. Medco jeung alumni itb nu mantuan pisan. Medco beak duit > ampir 1 Milyar jang mantuan tim itb, tiket, alat jeung pakakas sagala > rupa, kaasup sababaraha hiji ragaji mesin paranti motong kai gede. > > Naha aya nu kitu sagala? > Nya eta atuh, kurang data jeung koordinasi informasi. Medco jeung alumni > rek mantuan. Tapi naon nu diperlukeun euweuh nu nyaho atawa ngaroris. Jadi > nya dikira-kira we. Chinook we pokona mah. > > Bedul teh. Ari sare dimana? > Mimiti mah di pendopo kabupaten Meulaboh. Terus di posko itb. Deukeut > posko Jabar. > > Dahar kumaha? > Medco ngirim koki tiluan! Haha.. > > Maneh rek piknik atawa rek mantuan bencana? > Nya ari mantuan teh kudu aya tanaga. Beuteung kudu seubeuh heula. > > Bener oge. Naon deui gawe? > Nya kumaha meneranana. Kungsi jadi penerjemah dokter Jerman nu bingung > nerangkeun pasualan ka pasen. Ku andi di terjemahkeun ka basa indonesia. > Jadi beres. > > Ari posko teh siga kumana sih? > Nya tenda peleton. Meunang meuli ti Jatayu, sapuluh juta kumplit. > > Timana duitna? > Ti itb, ti alumni. > > Pangalaman nu pang-ahengna naon? > Naek Chinook! Edun! > > Bedul teh. Lain mawa hiji ka bandung! Maneh sedih teu di ditu? > Mun ngagugulung kasedih mah moal bisa gawe mantuan atuh. > > Ari ujian kumaha bejana? > Nya aya dosen nu langsung mere E, teu basa basi. Aya nu mere diundur, aya > nu teu kudu ujian asal balik mawa gambar2 pasca tsunami, jang bahan > kuliah. > > SPP maneh geus dibayar. Biasa, tina royalti novel. > Hatur nuhun. > > Uing rada rido ayeuna mah pangmayarkeun SPP maneh. Sabab maneh aya gunana > jang batur. > Hehehe� > > Eh, maneh teu nanaon? > Maksudna? > > Nya teu trauma atawa kumaha? > Henteu. Tingali we� > > Eta haha hehe na rada loba? > Apan tas naek Chinook! > > Keukeuh Chinook! Geuleuh pisan! Eh, uing rek nanya seurieus. Maneh ka aceh > teh enyaan bakat ku nyaah ka dulur urang Aceh atawa ngabebenjokeun hate > pedah diputuskeun kabogoh maneh nu anak TL? (teknik lingkungan-red) > Haha�nya motivasina mah kaci lah naon bae. Hahah�nu penting naek Chinook! > > Bedul! Chinook deui chinook deui! > Geus ah, rek ka Emih, sono euy. > > Heueuh atuh. Jung, tong poho balik ka bandung mawa rambutan. Cenah geus > arasak, kamari aya SMS ti lanceuk maneh, di kedemong. > Rambutan? Tuh pan lieur, tas ti Aceh, di lembur Rambutan Aceh arasak. Hehehe� > > Uing unggal poe naek angkot liwat jalan Aceh. > > Duit boga keneh? > Aya > > Tanda manehna geus nepi ka Gunungcupu, ngirim SMS: > Eh, ari AJ teh masih keneh PD3 atawa geus jadi PR3? > Rambutan kade poho siah! > > -------------- > si andi teh adi bungsu. Umurna satengah umur si kuring. Inget keneh pisan > basa manehna sajam karek borojol. Baketut, semu monyong. Haha. Teu nyangka > rek lampar kitu. > > mj > > http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

