Bagean kuring ieu mah, Ua! Wios balad heubeul ge nya? Taun kamari ge Kang Wida menta pangmariksakeun karanganana ka kuring, berekah, nepi ka ayeuna pundung jigana mah, loba teuing kiritik nu ngacapruk... heuhaehua... Nu leungiteun kalangkang bae nya bagean kuring mah... Satutasna maca eta carita, aya hiji tanda tanya badag: maksudna leungiteun kalangkang teh sabenerna kumaha? Naha bener leungiteun kalangkang, atawa fenomena tengah poe bae, kalangkang ragrag kana awak sorangan? Mun misalna urang ngalaman kitu, sigana langsung panasaran, ti sanggeusna kaleungitan kalangkang di tempat nu suni tea, tangtu aya kahayang nempoan deui kalangkang sorangan: mindeng ngareretan deui kalangkang sorangan. Tah, dina carita Ua, teu kakocapkeun Kang Sabri nempoan deui kalangkangna. Naha ieu teh alatan bakating ku soak sieun manggih kanyataan yen manehna teu boga kalangkang, atawa kumaha? Mangkaning pan kalangkang mah teu kudu ku panonpoe bae, ku lampu jero kamar ge bisa ngajirim... Di satengahing carita, nu maca (kuring maksud teh) panasaran pisan kana hal ieu. Ngan satutasna tamat maca, jadi asa teu puguh naon sabenerna anu kaalaman ku Kang Sabri teh...
Hatur nuhun! On Tue, 25 Jan 2005 03:12:34 +0700, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kamari teh nampa SMS ti MJ supaya Carpon kuring dikirim ka Cupumanik. > Puguh we korah koreh deui, da geus poho dimana nyimpena, alhmadulliah > kapanggih. > Carpon teh dibaca deui, rarasaan teh atah keneh pisan, rek dikirimkeun teh > hate asa nogencang. > Tah ieu aya dua carpon, ieu carpon teh dijieun basa kuring masih dines keneh > di Surabaya, nyobaan nulis tamba kesel ari teu mulang ka Bandung. > Dikirim ka ieu milis teh sugan we aya nu kersa maca, cik pang-ilo-keun, > baheula ge kungsi dikirim ka ieu milis, dikirim deui ayeuna pedah we loba > balad anyar, sugan kersa pang-ilo-keun. -- sikandar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/