Euleuh euleuh  tong ngadongeng jurig wae ah...
sieun...
abi mah borangan...



Ineu



----- Original Message ----- 
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, January 26, 2005 7:01 PM
Subject: [Urang Sunda] Pangalaman naek Chinook


> 
> Chinook I
> 
> Awal januari, aya dosen UI urang Aceh Asli, ngalongok
> ka Aceh sabada bencana tsunami. Daerah-daerah anu
> keuna bencana diubek-ubek. atuh manehna mah apal pisan
> daerah Aceh, da sok mindeng pulang anting Jakarta
> Aceh. Jeung deuih manehna teh salah saurang putra Aceh
> anu nyongcolang di UI mah.
> 
> Hiji mangsa tas ningali daerah di luar Aceh, manehna
> rek balik deui ka Aceh. Pas kabeneran aya pesawat
> Chinook anu rek miang. Atuh Gura-giru muru pasawat
> (chinook Amerika) eta. Untung supir pesawat teh
> bageur, nungguan manehna. Di jero pesawat geus pinuh,
> padedet pisan ku para panumpang. "Alhamdulillah masih
> bisa naek" gerentes hatena teh, sabab can tangtu aya
> pesawat deui anu rek ka Aceh.
> 
> Di satengahing jalan, manehna ngarasa aya nu aneh,
> tapi teu wani dikedalkeun, da teu karenal jeung
> panumpang sejenna.
> Enya wae, barang pesawat eureun teh, manehna ngagebeg,
> geuningan pesawat teh eureunna di Medan lain di Aceh.
> 
> 
> Chinook II
> 
> aya beja ti paranormal urang Medan, satiap pesawat anu
> tas ti Aceh teh, salian pinuh ku para panumpang di
> jero pesawat, geuningan di luar pesawat oge, mani
> pinuh pisan ku "jalma" anu narangkod dina buntutna.
> Waktu ditanya ku para normal teh, maranehanana ngaku 
> roh jalma urang Aceh anu kasarad (gentayangan).
> Ngakuna mah ka Medan teh rek nepungan dulur-dulurna
> anu  salamet ngungsi ka Medan.
> Ditanya kunaon teu asup ka pesawat. Ari pokna teh
> ceunah "haram hukumna naek pesawat jalma kapir".
> 
> 
> Chinook III
> 
> Tengah peuting di daerah anu keuna bencana tsunami,
> aya pesawat anu turun, tara-tara ti sasari. Para
> penduduk anu salamet tina bencana tsunami anu rek
> ngungsi ka Medan, asa mobok manggih gorowong. Soalna
> ti tadi isuk nungguan pesawat, teu datang-datang. atuh
> teu kungsi lila, eta pesawat teh geus pinuh ku
> panumpang.
> Peung wae pesawat teh ngapung, ngadingdius, nembus
> hideungna peuting. Barang pesawat eureun teh para
> panumpang kaget pisan, geuning supir pesawatna teu aya
> beungeutan jeung lapangan terbangna teh tanah kuburan.
> 
> 
> Catetan:
> Chinook I mah kajadian bener, ari chinook II jeung III
> mah, carita kajajaden jieunan kuring, meunang beja ti
> babaturan.
> 
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke