Kang  eta teh panyawat naon?
eta Autis, DS, MR jeeste...tea
sakantenan .sadayana..manawi abi mah jalmi teu terang..
 
di Bogor peungkeuren Bogor Internusa  Plaza jalan Pajajaran aya Sekolah Luar Biasa...ngawitan ti tk dugi ka lanjutan atas na oge aya...
ata sanes ?! mung tebih panginten nya..
 
sok waas pami nuju ngalangkung ka lebah dinya kapungkur,
kadang2 matak  sedih, teu karaos curudcud weh ci soca.
nuhun..
 
 
Ineu.
----- Original Message -----
From: md. friady
Sent: Wednesday, January 26, 2005 6:06 PM
Subject: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus" hese sakola

ass. wr. wb.
 
Sim kuring gaduh pasien spesial biasana disebut "anak berkebutuhan khusus" kayaning Autis, down syndrome, MR, jeung sanes na. Ayeuna masih di terapi di klinik kuring. Aya sababaraha pasien nu tos meujeuhna nincak SD tur siap pikeun sakola. Tapi tong boroning kolot na, pribados ge pusing milarian sakola nu sadia narima eta budak.
 
Ka balarea... manawi gaduh referensi sakola dasar nu sadia nampi budak anu "berkebutuhan khusus". utamina sakola anu terjangkau. Margi aya sakola khusus, mung waragadna edun pisan tiasa seep 18 jt sataun. eta ge aya sakola biasa pikeun budak normal tapi nampi barudak khusus, mung pas teurang eta budak teh emang spesial, beayana ujug2 naek.. yah... seep 8 jt sataun mah.
 
Beu tega nya... kumaha atuh pendidikan urang bisa adil jeung secara nyata mencerdaskan bangsa teh...???
Ongkoh UUD teh ngajamin pendidikan.... tapi pendidikan pikeun saha jeung nu mana.
 
Hatur nuhun sateuacanna kana info na...
 
wass. wr. wb.
MDY


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke