|
mboss uing ge urangsunda asli majalengka agamana
nasrani,
tapi da keturunan "babah" ketang mboss uing
mah,
urangsunda anu nasrani mah biasana kabawakeun ku
batur,
siga lanceukna babaturan uing basa sakola di STM 1
ciliwung, agamana ge milu ka salakina anu nasrani,
babaturan teh urang bojong
salawe-cijulang-pangandaran, lanceukna kawin ka urang jawa,
tangtara...
inget we basa harita... keur ulin ka imah lanceukna
babaturan, di gado bangkong,
uing milu sholat di kamar lanceukna, mimitina mah
biasa we siap2 rek sholat, ngamparkeun sajadah,
ngan basa rek takbir... ningali kana tembok.. beu
eta mah mani ngagebeg da reuwas tea,
ningali aya patung "yesus" gede pisan napel dina
tembok, mani siga nu ningalikeun,
ahirna teu jadi tah rek solat di kamar lanceukna
teh, da sieun we nu aya... siga ditingalikeun ku "yesus",
pindah we ka ruang tengah bari dukdek jeung korsi
oge....
tah didinya mimiti nyaho mun lanceukna babaturan
teh agamana milu ka salakina....
loba deui urangsunda anu jadi nasrani kulantaran
milu ka salakina...
Panzi
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- RE: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam ��d�k M�t�k�r
- RE: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam Cecep Wahyu
- RE: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam Dahri Iskandar Dahri
- Re: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam Dahri Iskandar Dahri
- Re: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam waluya56
- Re: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam Dahri Iskandar Dahri
- Re: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam Jalak Pakuan
- Re: [Urang Sunda] Sunda jeung Islam Dani Ibrahim

