Kang Ikmal abdi ge emut kana buku Nostradamussekelimus nu jilidna "Geunjleung ka Tilu". Geunjleung kahiji nyeta basa panggih jeung manehna. Nu kadua basa nyemah ka manehna. Tah nu katilu (omat nya sanes katiga eta mah halodo) nya ka bale nyungcung tea. Etanganana mah duka sasihan, minggonan  kumaha jalmina. Pami tipe Kang Ikmal mah etanganana geunjeleung katilu teh moal tebih ti dintenan sigana mah da teu aya basa jam karet tea pan.
 
JP
(janten emut ka Teh Tien & Kang Akos)
 

Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
janten emut kana buku  kang Alvin Toffler anu jidulna "Gelombang Ke
Tiga"  nu intina teh di nagara agraris mah somah teh independen jang
minuhan kabutuhan hirup sapopoe na teh (swakeluarga), ukuran waktu teh
lain itungan detik, menit jeung jam, tapina nitenan wanci sang ngenge
naek, pan di urang teh aya geningan wanci pecat sawed, sareureuh budah,
janari, jsb.  matakan ge di nagara anu berkembang (kasang tukang na tina
nagara agraris loloba na mah) pas datang Industrialisasi  ka nagara na
hubungan papada somahna jadi interdependen (siling merlukeun ?),
somah-somahna teh kudu ngobah prilaku (naon sundana nya?)  lamun arek
jadi masyarakat industri mah kudu tigin jeung nyekel waktu menit, detik,
jeung jam, lantaran lamun salah  sahiji teu  cocog, bakal ngaganggu ka
nu sejen, kituw cnah.....jadina pami masih keneh aya anu jam karet,
meureunan  etateh beda cecepengan dina masalah  tetengger mangsa anu di
pake.....
punteh janten ngacapruxs iyeu teh.....
salam,
ikmal

mh wrote:

>enya puguh ngahaja, hehehe, jangji teh ngan make wanci
>"bada magrib" ngarah rada logor. ngan jadi logor
>teuing. lamun nepi ka mindo "bada" sugan jadi "bada
>kuadrat" nya.
>
>upama ulin ka lembur, eta ukuran jarak jeung waktu teh
>ilaharna janag make ukuran jam-jaman, jiga urang kota.
>jarak teh kumaranehna mah kadang kadang, sok diukur ku
>udud, seupaheun, pengkolan, kadang-kadang ku obor.
>sapanyeupahan cenah, upama rek nyebutkeun ukur
>sakeudeung teh.
>
>sabenerna mah, teu salah-salah teuing cara urang
>lembur ngukur jarak jeung waktu jiga kitu teh. urang
>sains oge kadang-kadang sok make ukuran jiga kitu.
>jiga lamun keur ngukur caangna lampu, sok make ukuran
>lilin, sa-anu lilin cenah caangna teh. kitu deui lamun
>keur ngukur karosaan tanaga, sok make tanaga kuda,
>sa-anu tanaga kuda cenah.
>
>salam,
>mh

>



--
No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG Anti-Virus.
Version: 7.0.300 / Virus Database: 265.7.4 - Release Date: 1/25/2005



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke