Lamun dikaitkeun jejer ieu jeung tafsir harta karun pajajaran (hkp),
cikan, kumaha nya? Sakumaha kungsi aya dipostingkeun di ieu milist
(oge di milist kisunda), aya 3 tafasir ngeunaan hkp. Lengkepna
pedaran eta tafsir teh mangga bae pilarian arsip file-na.
Sacara singket, eta tafsir anu tilu teh sakumaha tinuturan di hareup
ieu. Tafsir nu kahiji, loba jadi bahan "perkeliruan" jeung panipuan,
geus lobna jalma anu sangsara karana ieu tafsir. Tafsir anu kadua:
masih "debatable", kamungkinan aya keur anu percaya, kamungkinan
euweuh sama sakali (keur anu teu percaya). Tafsir anu katilu: nyata,
tafsir anu sakuduna diheulakeun; ngarupakeun hasil karya putra-putri
anak bangsa, khususna US, anu potensial bisa dijadikeun
pamiangan "kebangkitan bangsa" dumasar alam jeung budayana sorangan,
upama dipateakeun.
Lebah mana patalina kacondongan ekonomi dunya anu balik deui kana
emas salaku alat tukeur jeung tafsir hkp? Ceuk tafsir anu kadua,
loba sisimpenan karuhun dina hkp anu mangrupa logam emas, teuing
dimana-dimanana. Anu nyekelna jelema anu kapercaya jeung memang geus
nepi kana makomna. Anu kaliru, kagoda, jeung heunteu tuhu kana
amanat, jadi sumber kakaliruan, laju ancrub jadi pupuhu tafsir harta
karun pajajaran anu kahiji, anu sakitu geus ngabalukarkeun loba
jelema sangsara karana hal eta. Anu kapercaya.....ceuk ieu walungan
pamikiran, cenah engke jadi gunung pananggeuhan keur ngaluarkeun ieu
hkp dina mangsana.
Kusabab anu jadi alat tukeur internasional teh emas, nya nagara anu
panglobana boga emas anu baris nanjeur teh. Kulantaran kitu, uga
wangsit Siliwangi (uws) teh nyebutkeun:"... Jaman bakal ganti deui,
tapi engke, lamun gunung gede enggeus bitu, disusul ku tujuh gunung,
genjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat, urang Sunda
ngahampura. Hade deui sakabehna. Sanagara sahiji deui, Nusa Jaya,
jaya deui, sabab ngadeg ratu adil, ratu adil anu sajati". Moal kitu
ari maksud sejen tina 7 gunung teh nagara-nagara anu kaasup G7 tea?
sedeng gunung gedena nya pimpinanana. Teuing ah, ieu mah sabulang
bentor bae.
Ka nu teu percaya.....naha da teu kudu nuturkeun carita metafisik
model kitu oge alam jawa barat mah beunghar ku sumber daya alam
tambang, diantarana emas tea. Dina elmu geologi jaman walanda
disebutkeun, kulantran gunung-gunung di jabar mah kaasup gunungapi
muda, moal aya sumber emas anu lega cenah di jabar mah, kajaba di
pongkor. Tapi geuningan, batur saangkatan ti kampus awal tahun 80-an
manggihan di wewengkon Pongkor, bijih emas dina batuan geologi muda.
Ieu wewengkon ayeuna kasohor salaku tambang emas Pongkor anu
diusahakeun ku PT. Aneka Tambang.
Ari gunung-gunung di Pongkor teh laju nerus ka kulon ka handapeun
wewengkon G. Halimun jeung Kanekes. Boa-boa......mana dijadikeun
kabuyutan oge, kulantaran enya...aya hkp di dinya. Laju, babaturan
anu dines di pertambangan kab. Subang manggihan deui batuan anu
ngandung bijih emas.......pek bae tareangan, ngan moal kapanggih
sanajan di alam oge ari tacan waktuna jeung kuduna mah.
Wallohhu 'alam.
Laju, lamun enya aya......apan kudu aya wasilah alias cukang
lantaran pikeun mucunghulkeunana ieu kencring emas teh. Lebah dieu
perluna hkp dina tafsir anu katilu. Produk-produk pertanian jeung
lingkungan kaasup sarana jeung industri di hilirna mokaha, boga
potensi pikeun ilibiung dina kancah ekonomi global. Upama bisa ku
teknologi madya jeung manajemen anu dangkat tina kawijakan lokal
diadumaniskeun jeung pangaweruh global, naha heunteu munasabah upama
Indonesia jadi pimpinan dina ekonomi dunia? Upamana, produk tatanen
khas, sarana tatanen, wisata lingkungan, wisata ilmiah, wisata
budaya, sumber daya cai, jrrd.
Loba kacida, elmu pangaweruh, teknologi jeung inovasi produk
unggulan-anu loba diantarana dina wanci kiwari heunteu diakomodir
jeung teu dirojong ku pamarentah-hasil karya US, pon kitu deui hasil
karya bangsa indonesia sagemblengna. Upamana bae lalamunan,
Pamarentah Jabar miheulaan jadi panaratas jalan keur ngahudangkeun
deui ekonomi rakyatna, malahan rakyat sanusantara, dumasar sumber
daya alam, teknologi madya jeung inovasi-inovasi kretaif tadi, teu
mustahil urang teh jadi pamimpin ekonomi. Dimimitian di tingkat
ASEAN, Asia, laju sadunya. Laju, hasil tina eta perekonomian
lalaunan dikonversi dina lebah alat tukeurna ku kencring nyi mas tea
Apan aya sumber alam emas na mah, ngarojong, naha teu mustahil atawa
mungkin? :)
Hehehe........ngimpi ieu mah.....Namung, ceuk milyuner-milyuner ti
baheula nepi ka ayeuna: sagala oge dimimitian ku ngimpi. Ngmpi anu
alus anu baris ngagerakeun lalampahan anu alus. Wallohu 'alam.
Cag.
Baktosna,
manAR
--- In [email protected], "THR-Tunas Haryanto"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang JP sareng Kang Ragil, aya hiji patarosan ngeunaan masalah
ieu....
>
> Kunaon Saddam menta duitna diganti tina Dollar kan Euro?
>
> Tadina bade ngirim imel ka kang Saddam tapi teu terang alamat
imelna....
>
> Ceuk salah sahiji impo, cenah mah euro teh nilaina di-backup ku
emas anu
> totalna ayeuna kurang leuwih 32% tina total duit euro jeng trend-na
> terus ningkat. Ieu nu jadi matak nilaina stabil malah bisa
ngelehkeun
> dollar. Kumaha ari Rupiah? Emas na beak diangkutan ka luar negeri
dijual
> ku emas hejo (green gold) alias dollar tea nu nilai na teu make
backup
> jiga euro, alias nilai sabenerna si emas hejo teh bisa jadi nol.
Emas
> koneng beak, emas hideung (minyak) ludes nepika mas-mas anu
digarawe ka
> LN... kabeh ditukeuran / dibayar ke emas hejo.
>
> Baheula oge Raja Fahd menta minyakna dibayar ku emas, tahun eta
keneh
> anjeuna tiwas. Ari emas teh tos 'proven' sebage alat tukeur jeung
alat
> panyimpen nilai. Ayeuna seueur wargi-wargi urang nu tos ngamimitian
> hayang baralik deui kana emas tur perak (Dinar jeung Dirham).
Malah mah
> nagara-nagara tatangga oge geus ngamimitian nyieun duit tina emas /
> perak (duit beneran sanes commemorative money). Eh, si Amerika oge
> ngiringan deuih... sim kuring pernah ningali 'silver coin dollar'.
>
> Cag heula, hapunten ngacapruk .......
>
>
>
> Abah Utun.
>
>
>
>
>
>
>
> Ragil_M <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/