Assalamu'alaikum Wr. Wb.
 
Haturan baraya saalam dunya saalam maya.
 
... geus ampir opat minggu sabenerna mah balik cuti teh, noongan mah noongan ka lembur jeung ka warung teh, tapi da kumaha atuh! balik cuti meuni langsung pakepuk di kantor teh!... loba pisan hancaeun! (salah sahijina mah masalah bantuan jeung korban tsunami tea), komo langsung nyanghareupan rayagung kamari..... jaba harita ting sariak ieu awak teh, ditambahan deui usum tiis ayeunamah alhamdulillahna dibere hujan hampir saminggueun teh..... nya...jadi...geus baeeee!!!.... balik ti kantor teh, tara kukulunuan heula, boh ka warung kitu deui ka lembur, nu aya mah mun beuteung geus seubeuhmah langsung bae narik salimut bakating ku tirisna.
 
Mun dirasa-rasa mah, kurang pisan waktu keur cuti kamari teh...... geus teh teu sabulan-bulan acan, eh.... baruk deui!..... ari Ki Dunungan sigana mah meuni sono temen ka si kuring... jadi bae cuti kamari rarasaan teh sarua gawe-gawe keneh.... (untung siah kuring urang sunda!! <<<----- teu nyambungnya?? bae ah sambung keun weee...heheheheh...)
 
Tadi na mah, samemeh nyokot cuti teh geus dirarancang ti dieu  ..... poe ieu, tanggal sakitu nganjang ka 'wa oman, ka 'wa Sas, MJ, mpup, kang bo'im, kang toni, teh amie... pokona nek ulin ka baraya! .......poe ieu, tanggal sakieu indit ka kampus, ka Unpad, balanja........ poe ieu ka tanggal sakitukeun ka garut-keun....tapi....demi geus ngomong "enya" ka dunungan, jadi....nya wayahna ningan boga kayahang teh teu salilana bisa kacumponan.......................................tapi na..................Alhamdulillah...... heuheuy deuh!!! pareng oge kuring nganjang ka 'wa oman....[{(kumaha wa damang? hapunten nu kasuhun uwa, waktosna samporet pisan kamari teh, janten teu kangtos nepangan uwa deui..... sakali deui hapunten!!! insya alloh info-info nu sanes, nu kangtos dibadantenkeun di rorompok uwa, panginten dijaprikeun bae ku sim kuring dina waktos kapayun)}].....pareng oge kuring kukurilingan saliwatan di bandung, bogor, banten..... pareng oge papanggih jeung babaturan, guru, dulur... boh dina dihajana boh heunteuna!!
 
Hasil, cuti teh sujang???..... ceuk jero hate teh!.... alhamdulillah...., mun disebut untung rugi mah, ningan loba bati na cuti kamari teh!.... tong disebutkeun mun bisa ngumbar kasono ka barudak, dulur-dulur, indung-bapa... komo indungna barudak mah tong ditanya deui!! (heuheuheu)......tapi.....harita teh si kuring teu ngahaja, nganjang ka 'wa deden (dulur ti gigir), anjeuna mah disebut guru teh da embungeun, hayang na mah tukeur pikiran bae cenah komo dina masalah kasundaa mah. Aya nu rada aheng ti wa deden teh, yen anjeuna mah ceunah nyaho kasundaan teh ti alam goib, .... si kuring mah.... nya percaya teu percaya tea...... tapi mun dicocogkeun jeun pamanggih kuring mah saluyu oge panimu anjeuna masalah kasundaan teh, salah sahijina ngabahas sajarah karajaan sunda nu aya di panca buana tengah nepikeun aya nu disebut sunan ambu sunan bandung....pokona mah loba pisan pulungeunnana. 
Terusna, saacan balik teh dibere babaraha buku kasundaan ku anjeunna keur dipotokopikeuneun, salah sahijina nu ngeunaan kaislaman, ceunah na mah buku ieu teh saur anjeuna tingkesan ti layang muslimin-muslimat jeung intina sasauran kanjeng susuhunan gunung jati nu diropea jadi hiji buku ... kandelna ieu buku teh teu pira ngan 39 kaca, dihanca jadi 39 kaca teh ku pangersa alm. Rd. Tirtakusuma nu tungtasna ping 25 Januari 1946, judulna buku teh BUKU KASEPUHAN. Mun ditilik-tilik mah, sigana ieu buku teh keur jelma nu keur ngaji elmu hakekat. Intina eusi buku teh ngaguar masalah rukun islam jeung iman... tapi leuwih dibejerbeaskeun... da nepi disalah sahiji guarannana aya nu nerangkeun rupa-rupa kanyataan dohir jeung goib dina diri manusa. Si kuring 'ge teu bisa ukur sapoe keur nerepkeun jejer dina hiji kaca teh.......da ku wa deden na diomat-omat, cenah.... ulah sabaca-bacana, kudu bener-bener dihartikeun ku uteuk jeung qolbu.
Ke lah, mun salse urang 'scan' trus mun di idinan ku Ki kuncen urang kirim keun ka lembur trus diaduronyemkeun, sugan bae mangfaat!....... nya kitu oge mun seug di idinan ku Ki Kuncen jeung baraya lembur.
 
Wassalam,
 
Hanca deui ah....
 
-pun adi-
 
 
 


Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to