punten ah Kang/Uwa Rachmat kitu?
 
Maksad abdi teh Perang Agama nu mangrupa perang informasi jeung 
pamikiran, sanes perang fisik. Ari perang fisik mah Wallahu 'alam. 
Saha nu terang niat saleresna nu aya di hate pamarentah Amrik nu 
nyerang Irak? Urang Israel nu ngajajah Palestina? duka ah, mung 
Allah nu terang nu wujud sareng nu bathin. 

Pami perang pamikiran mah unggal dinten urang mendakan. Islam, 
Kristen, Atheis, Agnostik, Scientism, jrrd... lieur mun teu aya 
bekel teh. Padahal maot mah pasti, sakedap deui deuih. Sieun 
tikolesat abdi teh ... milu kayakinan nu teu bisa nganteurkeun kana 
sangsara ba'da maot. 

Ah abdi oge teu hoyong perang agama sacara fisik mah da sanes cara 
nu dianjurkeun ku Qur'an sanes? Perkawis pacogreg agama, pamendak 
abdi tangtos aya we da eta mah konsekuensi logis antar jalmi nu 
benten kayakinan. Komo deui Islam, Kristen, Judaism mah agama misi. 
Wajar jeung mulia deuih ta tujuana ngajak kana kasalametan (ceuk 
kayakinana masing2 mah).

Mung abdi sapagodos, mun pecogreg teh diminimalkeun di na tataran 
pamikiran sareng elmu (hikmah) ku cara-cara damai (contona cara si 
Misionaris bule Jehovah Witnesses tea, meni damei). Keun sina nyebar 
informasi jeung pamikiran ngeunaan Pangeran, keun sina milih sakabeh 
manusa mana nu leuwih deukeut jeung Bener. Da moal aya jelema nu 
nanggung kalakuan jelema sejen sanes? Urang we nu kudu pinter milih 
sanes?

punten ngacapruk Wa, sanes bade ngulaskeun warna ka na lukisan 
Monalisa heu..heu mung bade klaripikasi ieu teh.

Baktos sareng salam tepang ...

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Hiy....sieun atuh kang Yudi, ari perang agama mah, sabab masing-
> masing pihak nu mumusuhan ngarasa bener ngatasnamakeun Nu Kawasa, 
> jeung lamun maot masing-masing pihak nu mumusuhan boga kayakinan 
> asup ka sorga. Didieu bahayana teh, perangna bisa moal eureun-
eureun (perang salib jaman baheula oge lilana 200 taun, bari jeung 
teu puguh saha nu meunang jeung saha nu eleh!), bisa tutumpuran 
kabeh nu antukna lain mawa kamaslahatan jelema tapi kasangsaraan.
> 
> Jadi ari ceuk kuring mah, pacogregan dina soal agama, leuwih hade 
> ulah digede-gedekeun. Lamun bisa mah malah dieuweuhkeun. Dina soal 
> aya sabagian urang Nasrani nu hayang nganasranikeun batur nu beda 
> agama jeung maranehna, memang leres aya, ngan urang ulah ngahompet-
> daunkeun urang Nasrani jiga kitu, sabab lolobana mah Nasrani oge 
> jiga urang we, urang Islam, teu harayangeun riributan. Urang oge 
> urang Islam, apan embung disahompet-daunkeun jeung nu ngebom Bali, 
> JWMarriot atawa Bom Kedubes Australia, embung disebut Terroris.
> 
> Ke enjing disambung deui.
> 
> BAktos,
> WALUYA 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke