Wilujeng wengi kang Dudi........eta di sulap janten kumaha lembur teh...? sok atuh kintun hasil sulapannana.....he he
"R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang Hasan, nuhun dikintunan gambar lembur urang, ku abdi bade disulap
janten theme kanggo hp abdi...sok ah sing rajin ngintunan...
-----Original Message-----
From: mh [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: 01 Februari 2005 8:21
To: [email protected]; KiSunda; [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] ulin ka SAWAH
upama kuring ninggali sawah di lembur tatangga,
implengan teh sok terus rasa, inget ka sawah di lembur
sorangan. panorama sawah di urang kacida endahna.
pasawahan ting arumpak jadi kotakan, ti mumunggang
gunung nepi ka hilir nu leuwih handap. komo pasawahan
di garut. apan sasatna garut teh kalingkung gunung.
lebah kaler diwatesan gunung haruman, sanajan ayeuna
rada buligir. lebah kulon, ngajajar gunung aseupan,
gunung dage sarta gunung guntur. lebah kidul aya
gunung cikuray jeung papandayan. lebah wetan ngajegir
gunung talagabodas. matak pantes garut disebut, jiga
pangupukan puyuh teh.
ngan bedana, di lembur tatangga sawah teh bisa jadi
salah sahiji objek tujuan wisata. prosesi nyawah
taradisionil, ti mimiti pare diawurkeun ka pabinihan,
terus ditandur kana kotakan, nepi ka mangsa panen,
jadi pintonan turis nu bisa ngadatangkeun devisa. ieu
kaayaan teh katitenan ku kuring di pulo langkawai,
hiji pulo leutik sagede pulo bali, anu dijadikeun
salah sahiji objek tujuan wisata di lembur tatangga.
waktu kuring nyelang mulang ka lembur, prosesi nyawah
teh geus mimiti robah. baheula mangsa keur di lembur,
usum nyawah teh kasawang asa ku endah. isuk-isuk nu
ngagaru jeung ngawuluku, samar-samar kadenge
ngahaleuang ngawih, "deur mideur, mideur deui, mideur
deui" cenah. bari nyepretan munding sangkan laju
ngawuluku. pabeubeurang kurunyung nu nganteuran,
ngajak muka timbel balakencrakan.
jigana prosesi nyawah treadisionil di urang oge, upama
dimumule bisa dijadikeun objek wisata anu bisa dijual.
meureun kudu aya kawasan konservasi nyawah
tradisionil.
keur panineungan ka baraya di pangumbaraan, ieu aya
oleh-oleh panorama pasawahann di garut, lembur kuring.
salam,
mh
=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

