Mun ngabahas sakadang nyandung geus pasti nyaritakeun tingkah polah lalaki.
Biasana anu sok disebakeun teh geus teu bireuk deui lalaki sunda. Anu rumasa
jadi lalaki urang sunda ulah ambek da geus loba bukti yen lalaki sunda  ti
karuhun mula,
geus "kadedemes" kana nyandung.(teu kabeh ketah)

Jadi jawara
Biasana mun jadi jawara atawa anu pangjagona tur pangluhung elmuna
dilemburna, sok jadi jawara oge dina masalah pernyandungan. Sabab musababna
dilantarankeun sieun tea mun  teu daek dikawin, atawa ngarasa, genah,
merenah, tumaninah,
aman nyaman tur tentrem lamun aya dipangkuan sang jawara.

Turunan nyandung
Uyah mah tara tees kaluhur monas, teng manuk teng anak merak make kerepus,
lamun bapana, akina, atawa jangawarengna kungsi atawa beuki nyandung,
biasana
salahsahiji  anak atawa incuna sok aya nu NYEKCLEK. Kukituna mun milih
pijodoeun sok aya
istilah 3B ( Bibit,Bebet, Bobot) utamana dina masalah bibit, mun bisa mah
dipapay
tujuh turunan teu terkontaminasi virus nyandung. Da enya atuh ari turunan
kuat.

Tukang nyandung
Nu jualan kurupuk sok disebut tukang kurupuk, anu beuki nyandung sok disebut
tukang nyandung. Tukang kurupuk bisa oge jadi tukang nyandung, lamun tukang
kurupuk
eta boga pabrik kurupuk dimana mana alias pakayana pabalatak, tur geus boga
pamajikan leuwih tidua jeung deui aya niat nek kawin deui. Tukang ngalawak
ge sok
kabejakeun boga pamajikan leuwih tidua alias nyandung ngan teu kabeh.
Motivasina meureun
boga rijki leuwih tea, atawa mun boga nu anyar sok sing torojol ide ide
lawakanana komo
neangan ide lawakanana bari dipencetan ku nu ngora.

Nyandung award
Kabejakeun salahsaurang pengusaha restoran kaasup kandidat poligami award.
Unggal pamajikanana dibere restoran hiji sewang  ditiap kota. Unggal poe teh
nguriling kilir bari ngaroris pausahanana. Enya ide hade, ngan tetep we anu
teu satuju
kana nyandung mah ideu eta teh ideu minculak. Aya oge ideu  nu model  kieu,
boga pamajikan
opat, nu kahiji titah dagang cikopi nu kadua titah dagang roko, nu katilu
muka warung sangu, nu kaopat
muka londri jeung salon kacantikan. Salakina isuk keneh geus datang ka nu
kahiji,leguk kana cikopi, terus
kanu  kadua serebeng kana jisamsu, rengse ti kadua luncat ka nu katilu,
gedag sangu sapiring
jeung pingping hayam . Sakoteap. Geus wareg datang kanu kaopat, menta
dikurud janggot jeung salin pakean.
Saterusna pamajikan nu kahiji nepi kanu katilu titah daratang kanu kaopat,
titah dikrimbat,
dibonding,pedikur, medikur, pleus lulur tur ngabalur tikukur, meh salawasna
penampilan OKEY punya. Ideu
bagus ceuk nu satuju nyandung, tapi ceuk nu teu satuju mah malah nyebut kieu
: " Impossible !"

Ditanya soal nyandung
Macem macem jawaban lamun saurang lalaki ditanya soal nyandung. Aya nu wakca
balaka yen manehna hayang pisan nyandung, ngan masalahna neangan hiji ge,
hesena
menta ampun komo boga pamajikan leuwih tidua. Aya nu hay-hay tapi er-er,
waktu ditanya,
teu hayang teu sing, bari jeung susumpahan sagala, tapi waktu diasongan poto
wanoja anu
demplon bari diumpamakeun siwanoja eta, maksa menta kawin bakating ku bogoh.
Atawa
hiji waktu papanggih jeung popotongan baheula, kaparengan popotongan eta
lalagasan keneh
tur asa leuwih demplon tibaheula. Mun ditanya soal nyandung jawabana jadi
lain "lain euy ari
nyandung teh meunang nya, ngan kudu adil nyah" pokna bari kekereceman kawas
nu
kapeureupeunan cileuh garing. Ieu mah bisi aya nu protes pedah teu kasebut,
aya oge lalaki super satia, teu galider najan Birtney Spears ngagenjleh rido
diwayuh, tapi tetep hanya ada satu kata : No Nyandung, No ong (SR)


----- Original Message -----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, February 02, 2005 1:58 PM
Subject: [Urang Sunda] ngilikan nyandung


> ieu kutrat-kotret, pikeun rubrik "Ngacapruk"
>
> Ngilikan Soal Nyandung
>
> Istilah nyandung teh sarua jeung ngawayuh nu hartina boga pamajikan leuwih
> ti saurang atawa leuwih ti hiji. Maksud leuwih ti hiji teh lain hiji
> Adat jelema tea, naon bae oge nu anyar bakal ditarima salila teu
> ngarugikeun, komo mun malah nguntungkeun atawa matak tugenah kana manah!
> Tah palebah dieu eta alesan asup akal. Mun teu asup akal nya di dorong we
> sina asup, mun keukeuh henteu bisa asup, nya asupkeun we atuh kana panto
> oge da teu nanaon.
>
> Di pihak kolot wanoja nu dicandung,  loba nu memang ngahaja anakna hayang
> dicandung. Tapi ku saha heula. Nya ku para inohong, menak, ajengan atawa
> kyai jeung jelema punjul sejenna. Ari alesanana mah nya, jaman harita tea
> (boa ayeuna oge masih), saha nu embung boga minantu raja, bupati, ajengan
> atawa jelema beunghar? Saha nu embung boga incu bapana raja, inohong bin
> gegeden, kyai kahot atawa jelema beunghar? Nya kaci disebut jurus meuntas.
> Susuganan kabawa hirup senang atawa kasimbeuhan kaningratan atawa banda
> pakaya. Alesan ieu oge asana nu jadi jalan pikeun wanoja keresa diwayuh.
> Dicandung ku raja, bupati, gegeden, ajengan/kyai, jelema beunghar, dina
> itungan kahormatan model kitu jeung banda pakaya, nya nuhun pisan. Komo
> mun make teori yen wanoja kalolobana nurut kumaha salaki, atawa keur jaman
> wanoja teu kaluar imah milu kasab, dikawin sanajan dicandung kaitung
> lumayan, saheunteuna aman pikeun urusan beuteung, pakean, perhiasana,
> imah, jeung saterusna.






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke