Katambih ku kajadian kamari geuning, lini di wewengkon Samarang & Pasirwangi (Garut) & Bandung Kidul ngabalukarkeun ruksakna padumukan warga. Kumaha atuh nya narekahanana? Mun urang niat babantu, sigana perlu oge ngadata prioritas naon bae nu dipikabutuh ku para korban?
On Mon, 31 Jan 2005 09:03:18 -0800 (PST), oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Haturan Kang Ganjar oge kum ka sadayana bae, > > Asa kauntun tipung, katambang beas Kang ku ayana ieu panggeuing ti salira, > ngeunaan perhatian pikeun anu keur nandanganbancangpakewuh alam, tanah > longsor di Pakenjeng, Garut kidul.. Puguh ge kamari ieu malah tepi ka ayeuna, > tacan rengse padungdengan katut ka ngararancang pikeun rereongan mantuan > dulur urang di Bungbulang anu keuna ku musibah leungiteun sakola karana tanah > longsor kl sasaih ka tukang. > > Harita teh (http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/10975) kaindit ku > panggeuing ti Abah Joe anu danget ieu nuju di NY, supaya aya perhatian ka > dulur-dulur urang di Bungbulang > (http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/10953). Abah Joe saparantos > dijapri ku si kuring ngawalonan deui dina posting anjeunna anu akhir ngeunaan > jejer eta: sarantos cenah nuju ngempelkeun heula balad-balad. Ayeuna jol hal > anu sami ti akang, nya kalintang sapukna sareng umajak ka sadaya wargi di ieu > milist pikeun ngabantosan dulur-dulur di Bungbulang sareng Pakenjeng. > > Kanggo teknis ngempelkeun sumbangan mah mangga nyanggakeun ka salira sareng > Abah Joe. Oge katawisna Teh Nenny ti Houston oge kana tiasa pisan > ngoordinasikeunana. Nya pikeun nepikeunana ka masyarakat Bungbulang sareng > Pakenjeng mah, Insya Alloh si kuring bade nyangkolong waktu. Sugan poe Saptu > & Ahad (Tumpek & Radite) mah rada salse. Tawakufna bae, ieu teh sanes maksud > ngasongkeun diri pikeun nampi amanah, namung kanggo nyumangetan sareng > pangdedel. Yen satemenna upami para wargi haat bade rereongan ngempelkeun > tawis kaemut ka masyarakat tunggal dulur urang keneh di pakidulan Garut, > heuteu kedah baluweng ku upas pikeun nganteurkeunana. > > Mangga, kum ka sadayana, urang antos lajuninglakuna. > > Baktos, > manAR > > > Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kadang wargi, > > Reuwas ngaos dina detik.com majar maneh tos meh sataun longsor di Pakenjeng > ninggalkeun kasusah ka urang Sunda anu jumlahna meh 244 urang. Tangtos wae ka > Aceh urang kedah ngiring rereongan, tapi kasusuah di lembur piraku > kahihilapkeun. > > Ganjar Kurnia -- sikandar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

