Thomas Jefferson, presiden Amerika di jaman-jaman munggaran Amerika ngadeg, surak ajrag-ajragan pedah tungtungna mah manehna teh nepi ka poe panungtungan jadi presiden. "Isukan kuring bisa deui ulin kaditu-kadieu bari tumpak kuda, siga opat taun ka tukang", pokna teh bari teu nyumputkeun kaatohna.
John Major, perdana manteri Inggeris, diganti lain manehna teu hade, ngan rahayat Inggeris hayang aya suasana anyar we. Sabada Umar bin Khatab ditubles patuanganana ku Abu Lukluk, loba shahabat anu ngusulkeun putrana, Abdullah bin Umar, pikeun ngaganti ramana. Saur Umar: "Cukup hiji Umar anu jaga bakal nepikeun tanggungjawab ka Allah". Kuduna mah suksesi teh henteu rudet. Tapi naha, nya? AJ --- Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan kang Tosi, sim kuring ngiring reueus wireh > salira "aktif" di masjid, hiji amal anu pinuji. > Perkawis "peremajaan" Pangurus DKM, bawiraos teu > kedah janten runtik galih. Kahiji, kiwari mah > parantos lumrah (rata-rata 3 taun sakali). Kadua, da > teu aya wagelan sok sanaos unggal aya pamilihan, > nyalonkeun diri atanapi di calonkeun. Saha nu bakal > janten Ketua DKM engkena ? Nya tangtos anu kengeng > "sora" pangseueurna. Nya ku kituna, sok sanaos > diayakeun pamilihan 3 taun sakali oge teu mustahil > nu kapilih teh eta keneh eta keneh dugi ka janten > Ketua saumur-umur nu hartosna teu aya anu langkung > kapercanten ku jamaah salian ti anjeuna. > Sakitu nu kaemut ku sim kuring. > > Salam, > Kang Dien > > Tosi Firman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kahatur Bapak, Ibu, Akang sareng Teteh.... > Sim kuring katitipan patarosan ti sababaraha hiji > tatanggi, aranjenna hoyong uninga kumaha komentar > baraya urang sunda nu Islam (punten kanggo nu lian > ti islam). Di kompleks sim kuring bade aya raraga > ngagentos ketua DKM, dina raraga ieu janten polemik > antawis warga sareng warga. Tina kacamata sim > kuring mah ketua DKM nu lami teh teu aya kakirangan, > atanapi teu aya negatifna salami 6 taun sim kuring > janten warga didinya. Tina pangalaman sim kuring > oge nu namina ketua DKM mah biasana sok saumur hirup > atanapi nembe digentos pami tos teu lempeng sareng > nu namina ajaran Islam. Tah pami ayeuna ketua DKM > tos lempeng, teras digentos ngadadak, tangtos bakal > aya pandangan-pandangan negatif ka anjeuna. > > Numawi kitu sim kuring hoyong uninga, kumaha > tanggapan bapak, ibu akang sareng teteh. Diantos > pisan komentarna. Hatur nuhun sateuacanna. > > Baktos, > Abi Rindra > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the > Yahoo! Terms of Service. > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. http://promotions.yahoo.com/new_mail ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

