Artikel edisi munggaran majalah US soal nyandung? kahade tah MJ, 
bisi disangka rek ngarojong nyandung di masyarakat US. Tapi, aya 
alusna oge ketang, sangkan ieu pasoalan anu masih polemik saendeng-
endeng teh mimiti nembrak deui tur pada mairan.

Ngobrolkeun soal nyandung poe juma'ah, wah asa kaindit. Si kuring 
mah emut gogonjakan Mang Kemed bae di lembur singkur. Ceuk cenah, 
boga pamajikan hiji mah kitun kuduna, kitu manusiawina. Matak dina 
ayat anu diguar ku Kang Asep oge jug-jug der bae di mimitian ku dua, 
tilu...jst. Lamun boga dua, tah eta karek disebut boga pamajikan. 
Ari istri tilu karek disebut nyandung. Lamun opat mah ngawayuh tea 
disebutna teh. Hampura, eta mah ukur versi sura, seuri siga sero tea.

Mangga dilajengkeun bae. Ngan aya saena posting Kang Zam ti payun 
diilikan deui upama hoyong anteb perkawis nyandung numutkeun salah 
sahiji ulama. Aya deui hiji buku judulna "Wanita dalam Islam" 
(tarjamahan). Di dinya lumayan rada anteb oge guaran ngeunaan 
nyandung teh. Intina mah nyandung teh sok sanajan dimeunangkeun, 
tapi lir ibarat "klep pengamanan" dina hiji mesin. Diperlukeun 
kalawan syarat anu kacida beuratna. Keur kuring mah tinimbang 
sakumaha ceuk paribasa arab, kawin teh lir ibarat ngarebut benteng 
musuh, nu di luar hayang asup sedeng anu geus di jero hayang ka 
luar, nya mendingan..... tetep renggenek dina rumah tangga. 
Nyandung? teuing ah, tong ngagoda.

Cag ah.

Baktos,
manAR



--- In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Nyandung, atawa poligami, estu hiji kecap anu teu
> kaharti pikeun urang bule. Tapi, ku sabab urang teh
> boga niat (atawa kahayang) syiar Islam ka sakumna
> manusa di sakuliah dunya, pertelaan ngeunaan nyandung
> (jeung sababaraha "kalemahan" Islam lianna) perlu
> diguar jeung disawalakeun.
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. 
> http://promotions.yahoo.com/new_mail





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke