--- herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Baruk diskusi di milisi urang sunda teh gening tos > dugi ka alam transendental kieu (struktur agama, > dsb) Rame gening!!!!. Manawi teh wargi-wargi tos > bosen rada di ajak serius kanggo ngemut eksistensi > urang di alam dunia ieu (kaleresan sim kuring rada > mangkel ku salah sahiji posting di mailist ieu anu > terkesan ngalelewe kana pencerahan-pencerahan > sapertos kieu. Biasa berhala modern mah di sembah ku
> masyarakat scrizopenic anu sok paham kana realitas > sosial. Sok bangga kana dasi anu di pake tur ngantor > di gedung-gedung pencakar langit). kang herdis, naha geuning pundungan. hehehe. cenah urang sunda teh sanes egaliter, teuneung, ludeung, tandang makalangan. jigana hadena titik pamianganana diskusi teh kedah dimimitian ku prasangka hade. upama aya seratan batur nu kurang panuju jeung urang, tacan tangtu maksudna jiga nu kaimpleng ku urang. bisa jadi panempo urang dina hiji pasualan, beda jeung panempo batur dina pasualan nu sarua. diskusi di milis mah rada hese upama urang ngajukeun hiji pasualan, terus urang ngaharepkeun jawaban jiga nu kaimpleng ku urang sorangan. sanes ari nu kieu teh "paradok" tea. tangtu respon baraya teh bakal gumantung kana naon anu kaimpleng ku maranehna sorangan. upama diibaratkeun, diskusi di milis mah lir ibarat urang keur mupu pakel. urang nu ngeundeuk-ngeundeuk, nya urang oge anu kudu mulunganana. jigana respon kuring nu dimaksud jiga "ngalelewe" teh nya. keur klarifikasi ngahaja eta eamil teh dilampirkeun dina ieu serelek. sanes nanaon, ngarah bruk brak, balungbang timur, jalan gede sasapuan. sabenerna eta email teu aya maksud ngalelewe. ngan kulantaran kuring kurang pangaweruh masalah falsafah, hayoh ngawinkeun istilah falfasah, matematik, jeung wayang. bahasana make istilah basa sapopoe, teu make istilah-istilah greek jiga di sakola. alam dunya disebut buleud jiga bal, pasagi jiga dadu, atawa lonjong jiga dreum. nu ngapung disebut jiga gatotgaca, nu ngojay disebut jiga jakatawan, jeung nu nurus bumi disebut jiga antareja. upama dijujut, sabenerna eta gambaran di luhur teh taya lian buah pikiran RENE DESCARTES, filosof perancis anu oge ahli matematik. alam pikiran descartes, di urang lain barang aneh. geus dijadikaun bahan pangajaran di sakola, mimiti di SMP keneh. ngan pedah ngaranaa diindonesiakeun, ilahar katelah KARTESIUS. duka naon kasang tukangna, meureun pedah loba jalma di urang ngaranna KARTA atawa KARTO. urang ingris mah nyebutna CARTESIAN cenah. alam dunya teh pasagi jiga dadu, eta teh ceuk mang kartesius. upama urang nangtung dihiji tempat, cenah tempat lain bisa ditangtukeun jiga kieu: sabaraha lengkah ka kenca atawa katuhu; sabaraha lengkah ka hareup atawa ka kukang; jeung sabaraha lengkah ka lulur atawa ka handap. ieu pamadegan sok disebut sistem koordinat kartesius. dua nu lainna, taya lian koordinat silider sok dipake upama keur nangtukeun posisi sagara, jeung koordinat bola paragi nangtukeun posisi di awang-awang. salam, mh ================================================= --- herdis herdiansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Memang menurut pribados sejarah filsafat Yunani > lahir tina mitologi-mitologi. Menurut carita ieu > alam dunia justru ngadeg dina tongggong hiji dewa, > tapi para filosof ti Miletos (sapertos Thales, > Anaximenes, Anaximandros) mulai mempertanyakeun naha > bener alam teh di panggul ku dewa?. Janteun masing > lucu pendapatna (thales malah nyarios alam semesta > asalna tina cai, ngapun di lautan. Anaximenes malah > nyarios alam semesta asalna ti na tak terbatas /to > apeiron) memang kadang kanggo urang modern mah lucu > alasana, tapi sadaya dasar pemikiran para filosof > Yunani di awali ku kaheranan tur ka teu percayaan > kana mitos anu harita dianggap otoritas final. Emut > oge sejarah filsafat Yunani lahir 6 SM au hartosa 11 > abad sateuacan Nabi Muhammad lahir. Janteun tiasa di > bayangkeun kumaha rasio bertempur ngalawan mitos MH: ceuk rasio saintis kiwari oge, da dunya teh lain ngan ukur buleud, bisa oge bentuk lain. keur kaperluan analisis, ceuk sawareh dunya teh buleud jiga bal, ceuk sawareh dunya teh jiga dadu, ceuk sawarehna deui dunya teh jiga dreum. ngan ukuranana cenah infiniti. kabehanaan oge dipake nepi ka kiwari. antareja jeung tukang ukur nganggap dunya teh jiga dadu. ari jakatawan jeung tukang angkleung-angkleungan di laut nyebutna teh jiga dreum. dunya teh buleud, eta mah ceuk gatotgaca, nu sok hiber kakalayangan. ngan bedana, eta tilu panempo teh bisa salng dikonversi. ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

