Maca PR Online, aya dua wawar nu patali jeung BPLHD (Pasundan). Kahiji ngeunaan rencana ngaluarkeun aturan pangolahan runtah industri, kadua ngeunaan kasus Punclut. Aya sababaraha masalah anu hoyong ditaroskeun saleresna mah, nyaeta ngeunaan lingkungan hirup di urang, kaleresan aya nu wenang ti BPLHD Hiji bae pikeun conto, ngeunaan karuksakan lingkungan alatan limbah industri. Ari sakuduna mah (meureun), samemeh ngadegna hiji pabrik, tangtu kudu geus aya citak biru operasionalna, ti hulu nepi ka hilir, anu kudu geus disatujuan ku pamarentah/lembaga nu wenang. Tah di hilirna (bae), lamun eta pabrik ngalanggar aturan, atawa mun kadieunakeun kanyahoan si pabrik teh miceun limbah nu ngaleuwihan wates baku limbah industri sahingga ngabahyakeun lingkungan/masarakat, saha nu tanggung jawab pikeun nanjeurkeun aturan ieu (ngoreksi/ngahukuman)? Upami tos jentre saha2na, naha salami ieu lancar nanjeurkeun aturan teh? Pami henteu (da ari nempo kiwari mah, loba industri nu miceun limbahna sangeunahna/teu luyu jeung aturan), naon anu jadi masalah? Naha bet hese? Kumaha carana sangkan pihak nu wenang bisa nanjeurkeun ieu aturan? Mun peran aktif masarakat bisa ngabantuan kana masalah ieu, kumaha carana? Pikahariwangeun pisan atuh da lemah urang teh. Gunungna meh beak diraradan, dayeuhna, geus puguh heurin usik mah, meh ruksak deuih lingkunganana...
On Mon, 31 Jan 2005 08:44:44 +0000 (GMT), Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Minggon kamari sim kuring ngiring ngabahas RUU Pertambangan Mineral & > Batubara. Masih antar departemen. Ke dina sosialisasi mangga geura mere > asupan, atanapi bade langsung mere asupan ke DPR ge sae pisan (asal DPR nu > digawe). Ieu RUU teh mun teu diaping bener-bener potensi pisan ngaruksak > kabuyutan atawa kawas pongkor nu kadenge sapopoe teh jelema nu kaurug taneuh, > ari kamaslahatan masarakat ti hasil tambang (emas) duka dimana. -- sikandar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

