kang oman, naha aya patalina antara karakter awi jeung karakter manusa disabudereunana kitu?
upama nitenan pilemburan di daerah kuring, umumna pilemburan teh aya di sabudereun kebon awi. salian ti eta, nu katinggal seuseueurna jenis awi di urang boga karakter tumuwuhna ngarunggunuk jadi hiji dapuran, ngaronyok pasedek-sedek. jigana babasan "kumpul ngariung, bongkok ngaronyok" oge ngagambarkeun kaayaan dapuran awi. naha ieu aya pakaitna, sareng kabiasaan urang sunda kurang resep ingkah ti lembur. kaayaan kebon awi nu ngarunggunuk jadi dapuran, teu ka tinggal upama urang ninggal kebon awi dina film-film mandarin. katinggalna awi di dataran cina, tumuwuhna macakal satangkal-satangkal, jiga tangkal jati, teu ngarunggunuk jiga awi di urang. upama eta kebon awi cina dina film, memang ngagambarkeun kaayaan kebon awi umumna di cina, boa-boa cina aya dimana-mana kulantaran resep hirup macakal persis jiga karakter kebon awina. wallahu a'lam. salam, mh --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Minggu-minggu ieu teh keur soson-soson mukaan > literatur ngeunaan awi. Taya lian dumeh aya sobat > anu minangsaraya hayang dibantuan nyieun proposal > pikeun ngahejokeun lahanna kurang leuwih 10 ha di > Parongpong. Hayang dijieun lahan panaratas puseur > studi jeung wisata lingkungan awi, saurna. Sakalian > minangka ilubiung kana nyalindungan unak-anik > tutuwuhan bangsa awi-awian jeung konservasi taneuh > wewengkon seserepan cai, saurna deui. ===== bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/ hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/ __________________________________ Do you Yahoo!? The all-new My Yahoo! - Get yours free! http://my.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

