Hatur nuhun, Kang Oman. Mani ngahajakeun nelpon Abah Ali, nuhun pisan.
Numawi, milari dina situsna tea, teu kapendak aya lalakon naon dina
poe kahiji kalender Saka teh. Eta deuih, ku teu inget ka Aji Saka,
sakitu ngaranna ciples pisan jeung ngaran kalenderna... hehe. Sakali
deui hatur nuhun, Kang Oman...


On Tue, 1 Feb 2005 23:33:13 -0800 (PST), oman abdurrahman
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Numutkeun Bah Ali, Kala (Taun) Sunda teh kaitkeun bae jeung kajadian Aki 
> Tirem tea. Nya dina mangsa Aki Tirem ngalalakon eta teh taun hiji Saka Sunda, 
> saur anjeunna. Ari Aki Tirem teh, saur anjeunna neraskeun, taya lian tea dina 
> dongeng mah Aji Saka tea.  Tangtu urang parantos apal sadayana kana "dongeng" 
> Aji Saka mah. Seuur kacaritakeun dina dongen Aji Saka, kajadianana teh 
> disebutkeun lumangsung dina taun kahiji Saka Sunda (matakna disebut Aji Saka 
> oge nya ngandung harti Taun Kahiji).
> 
> Anapon Aki Tirem + Nini Tirem numutkeun Naskah Wangsakerta (NW), sakumaha 
> dina seratan Kang Saleh Dansasmita (alm) saparakanca, taya lian ti mitohana 
> Dewawarman kahiji tea, anu  ngadegkeun jeung jadi raja anu mimiti di karajaan 
> salakanagara. Putrina teh (istri Dewawarman I) anu masyhur salaku Pohaci 
> Larasati tea. Nya Salakanagara ieu anu jadi cikal-bakal karajaan-karajaan di 
> Tatar Sunda katut sa-Nusantara. Upama dimasehikeun, Taun hiji Saka Sunda teh 
> nya kana sabudeureun Taun 174 M.
> 
> Kanggo malikan deui diajar ngetang Kala Sunda, mangga ieu websitena, kintunan 
> ti Kang Hasan tea: http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm.

-- 
sikandar


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke