************************************************

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

 

Haturan baraya saalam dunya saalam maya.

Mugia sakumna baraya lembur aya dina ginuluran rahmat ti mantena.

Amin!

 

...... geus sabulaneun sabenerna mah balik cuti teh, noong  mah noong ka lembur jeung ka warung teh, tapi da kumaha balik cuti teh langsung pakepuk di kantor!... loba pisan hancaeun! (salah sahijina mah masalah bantuan jeung kurban tsunami tea), komo langsung nyanghareupan rayagung kamari..... jaba ting sariak ieu awak teh, ditambahan deui usum tiis ayeunamah alhamdulillahna dibere hujan hampir saminggueun ..... nyaaa...jadi.......balik ti kantor teh, tara kukulunuan heula, boh ka warung kitu deui ka lembur, nu aya mah geus beuteung seubeuhmah langsung bae nanarik salimut bakating ku tiris na.

 

Mun dirasa-rasa mah, kurang pisan waktu keur cuti kamari teh...... geus teh teu sabulan-bulan acan, eh.... baruk deui!..... ari Ki Dunungan sigana mah sono pisan ka si kuring teh... jadi bae cuti kamari teh rarasaan mah sarua gawe-gawe keneh.... (untung siah kuring urang sunda!! <<<----- teu nyambungnya?? bae ah sambungkeun weee...heheheheh...)

 

Tadi na mah, saacan cuti geus dirarancang ti dieukeunneun keneh waktu keur meakkeun cuti teh..... poe ieu, tanggal sakitu nganjang ka 'wa oman, ka 'wa Sas, MJ, mpup, kang bo'im, kang toni, teh amie, pokonamah nganjang ka baraya lembur .......poe ieu, tanggal sakieu indit ka kampus, ka Unpad, balanja, jalan-jalan ........ poe ieu ka tanggal sakitukeun ka garut keun....tapi....demi geus ngomong "enya" ka dunungan, jadi....nya wayahna ningan boga kayahang teh teu salilana bisa kacumponan..............................tapi na.................. Alhamdulillah...... heuheuy deuh!!! enya...pareng oge kuring bisa nganjang ka 'wa oman....[{(kumaha wa damang? hapunten nu kasuhun uwa, waktosna samporet pisan kamari teh, janten teu kangtos nepangan uwa deui..... sakali deui hapunten!!! insya alloh info-info nu sanes, nu kangtos dibadantenkeun di rorompok uwa, insya alloh panginten dijaprikeun bae ku sim kuring dina waktos kapayun)}].....pareng oge si kuring kukurilingan di bandung, bogor, banten..... pareng oge papanggih jeung babaturan, guru, dulur... boh dina dihajana boh heunteuna!!

 

Hasil, cuti teh sujang???..... ceuk jero hate teh!.... alhamdulillah...., mun disebut untung rugi mah, ningan aya oge batina cuti kamari teh!.... tong disebutkeun, lamun bisa ngumbar kasono ka barudak, dulur-dulur, indung-bapa... komo indungna barudak mah tong ditanyakeun deui!! (heuheuheu).

Harita teh si kuring teu ngahaja nganjang ka wa deden (dulur ti gigir) anjeuna mah disambat guru teh da embungeun, hayangna mah tukeur pikiran bae cenah. Aya nu rada aheng ti wa deden teh... anjeuna mah apal kasundaan teh ceunah dipaparin warta ti alam goib.... si kuring mah percaya teu percaya..... tapi mun di cocogkeun panimu anjeunna jeung pamanggih kuring, ningan teu beda jauh hasilna teh. Teu saeutik obrolan kasundaan jeung anjeunna teh, salah sahijina ngaguar masalah sunda nu aya di panca buana tengah, nepi keun anjeunna ngawanohkeun saha ari dalem bandung teh nu disebut sunan ambu sunan bandung?

Saacan balik teh, si kuring dipaparin sababaraha buku keur dipotokopikeunneun, salah sahijina buku kaislaman dina basa sunda, nu cenah ceuk anjeuna eta buku teh tingkesan ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati.

Mun ditilik-tilik mah buku eta teh sigana keur jalma nu keur ngaji elmu hakekat. Teu pira si buku teh ngeun 39 kaca, tapi si kuring teh diomat-omat pisan ku wa deden, cenah....ulah sabaca-bacana maca eta buku teh, kudu dilenyepan ku uteuk tugna ka qolbu. Si kuring oge ngahanca sa kaca teh teu bisa ningan kana sapoe dua poekeunneun.

Ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati, si buku teh di judulan BUKU KASEPUHAN, dipeureut jadi 39 kaca teh ku yasana alm. Rd. Tirtakusuma nu ditungtaskeun ping 25 januari 1946.

Ke lah sugan aya waktu, urang "scan" terus dikirimkeun ka lembur,  diaduronyemkeun, sugan bae aya mangfaatna????.....enya kitu oge mun di idinan ku Ki Kuncen jeung baraya lembur.Kitu sanes Ki??

 

Sakitu heulaanan siganamah baraya, ke mun pareng urang teruskeun deui.

 

Wassalam,

 

-pun adi-

 

********************************************

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke