Nambihan seratan kuring nu kahiji, perkawis Snouck Hurgronye sareng HHM. Tangtos sadayana oge rada heneg, naha geuning aya urang Sunda nu mantuan jeung minantuan Snouck Hurgronye nu dianggap ku sajarah jaman ayeuna mah ukur urang walanda tukang ngajajah nu make siasat ngadeukeutan ku agama jeung budaya keur ngalanggengkeun ngajajahna. Ceuk Pa Ayip Rosyidi mah dina bukuna "Haji Hasan Mustapa" (kuring maca kenging nambut ti Ua Sas), urang henteu tiasa ngecap HHM sareng ulama-ulama nu sanesna "antek" SH jeung walanda sabab teu tiasa diukur ku ukuran jaman ayeuna, nyaeta nasionalisme, margi jaman harita mah acan aya nu disebat "nasionalisme Indonesia" teh. "Nasionalisme Indonesia" nembe lahir di taun 1920'an, saprak loba urang Indonesia nu meunang pendidikan barat (di Eropa atawa di Indonesia nyalira) kaidean ku lahirna nasionalisme di nagara-nagara sanes sapertos jepang nu bisa ngelehkeun Rusia.
HHM tantos teu acan ngartoseun "nasionalisme" sabab di Arab nyalira di taun-taun HHM nuju di Makkah, nasionalisme Arab teu acan lahir. Daerah Arab harita ngarupakeun daerah kakawasaan Kasultanan Turki. Daerah Arab ngabebaskeun diri ti Turki bari dibantuan ku Inggris di taun 1920'an. Salah sahiji pahlawan "nasionalisme" Arab lucuna teh urang Inggris, nu disebut Lawrence of Arabia. HHM di jaman Arab ngabebaskeun diri ti Turki, parantos di Bandung, malah panginten parantos bade pangsiun ti jabatan Panghulu di Bandung. Soal kacaketan HHM sareng ulama sanesna ka SH, ieu mah jigana, kulantaran memang rada sesah kanggo nganiley "Tuan Abdul Gaffar" teh Muslim sajati atanapi sanes. Margina Snouck kalakuanana kumaha we urang Islam, sok shalat, sok puasa, geus munggah Haji, apal Al Qur'an jeung pinter basa Arab. Malah meureun ceuk anggapan nu awam mah SH teh ulama!. HHM ngawitan papendak jeung SH teh di Makkah, nu jigana mah nu ngadorong anjeunna percanten ka Snouck. Atuh ulama nu sanesna, komo langkung percanten, ditambah deuih, ku sifat bangsa urang nu gampil percanten, malah teu sirikna di agul-agul, lamun aya bangsa/etnik lain heug ngalih ka agama Islam, teu dipaluruh heula naon maksud manehna asup agama Islam teh. Tos sakieu heula ................ =WALUYA= ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

