ehmm... janten emut pun biang kapungkur, kantos bade ngiringan janten tkw ka Arab, da demi sakola anak anakna.. abdi sanaos teu satuju oge da kumaha nu ngaranna nu jadi anak pangbontotna ( tong boro ngilu, diajak musyawarah ge tara, malahan dititah ulin.. ) harita teh keur ususm deuih berita anu tkw dikitu kieu..beu..teu tega boga indung, di Indonesa masih kasebut gampang diteang jang babalesna, dinagara batur?
tah matakan abdi mah syukur pisan Alhamdulillah hatur nuhun ka Gusti Allah, pun biang teu janten angkat ka Arab, da pun bapak tos diparing rijki tipayun ku Allah.. dugikeun ka abdi lulus sakola SMA.. ayeuna, geus 10taun ngumbara di negeri segantang lada...kerek bisa mere minantu hiji jeung incu hiji..hehehe.. heuheuheu....jadi ngacapruk euy...( bari hate sedih inget baheula.. jeung reueus kanu jadi kolot utamana indung demi kamajuan anak2na... ) Salam ����p Wahyu -----Original Message----- From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Thursday, February 17, 2005 1:09 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] anatomi tki urang lembur singkur nu alatan ekonomi pajeulit, nyaraba ka timur tengah jeung nagara dengeun sejen. carana, pausahaan pengerah tenaga kerja (pjtki kitu), ngutus agen atawa calo ka unggal lembur, neangan sing saha nu daek gawe di arab misalna. seuseurna istri, pameget saeutik. urang lembur nu daek, dipenta duit sakitu juta. padahal sabenerna mah henteu kudu mayar nanaon. masalahna, urang lembur mah arang langka nu apal yen ari nyanyabaan ka luar nagreg teh perlu passport. komo da aya depnaker, nu nyieun kartu koneng tea pikeun nu neangan gawe. si calon pagawe teh dibawa ka asrama. bari diurus sagala rupana, kaasup passport. sabab lemburna mah jauh, misalna majalengka, kantor pjtki di jakarta, nya dipangnyieunkeun we KTP aspal nu deukeut ka jakarta siga bekasi-nu calona geus boga jaringan urusan ktp. ku ktp jeung sarat sejen, dijieunkeun passport. sistem distribusi TKI, di Arab contona, aya pausahaan tenaga kerja. ngorder ka pausahaan indonesia. butuh tenaga naon, diorder. maranehna meunang untung ti komisi calon majikan. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

