Umumna urang sok rea ngadenge loba jelema ngalengis... ih jang ari umur mah rasiah Gusti moal aya nu terang... iraha maot jeung dimana...teu terang... Nepikeun ka bijil paribasa nu diajarkeun ka tiap budak... cenah... hirup katungkul ku pati paeh teu nyaho di mangsa...

Aeh..aeh..sugan teh enya we bener kabehna kudu kitu... Ari pek benerna teh keur samanehanana we meureun...da bongan bodo/teu nyaho/ bisa jadi teu jujur atawa mindingan maneh...keur nu apal mah meureun beda deui... dihandap ieu sabagian dongengna.

Introduction na dimimitian ku dongeng ceuk cenah.

I. Dongeng ceuk cenah: tina Qur'an

Memang enya saur Allah dina qur'an tiap nafs moal bisa nganyahokeun naon nu bakal kajadian isuk kamanehna jeung dimana manehna bakal paeh (Luqman:34) ngan pasti tiap nafs bakal paeh sanajan embung `kullu nafsin daikatul maot'. Malah Allah moal nunda-nunda waktu paehna hiji nafs lamun memang geus ditangtukeun kudu paeh....sabalikna moal paeh lamun can waktuna numutkeun Allah. Allah nangtoskeun kitu ka satiap nafs mah.

Jadi bener oge lamun aya nu ngomong saperti diluhur tea...ah eta mah jang urang teu terang...da bijilna omongan tina nafs (diri/jiwa)na sorangan.

TAPI....tapi...tapi...tapi..

Beda deui Allah nyarios ka nu takwa (muttaqin). Keur nu takwa mah Allah masihan tugas sapertos kieu (kaunggel dina albaqarah:180)

DIWAJIBKEUN ka nu taqwa lamun GEUS DATANG TANDA-TANDA AREK PAEH, jeung maranehna ninggalkeun "khair" (=harta atawa kaalusan), supaya NYIEUN WASIAT ka kolot-kolotna jeung sanak kadangna kalawan MA'RUF.

Diwajibkeun nyieun wasiat teh lamun geus nangenan ayana tanda tanda arek paeh. Malah upama urang gugon tuhon kana ayat diluhur meureun can aya tandana mah teu/can wajib nyieun wasiat.

Lamun teu apal cirina/banderana rek kumaha nyieun wasiat ?

Nurutkeun ayat diluhur saenyana aya tanda-tanda atawa ciri-ciri arek paeh teh keur jalma anu takwa mah. Malah nunjukkeun yen jalma nu takwa mah geus dianggap ku Allah teh apal/nyaho kana ciri-ciri atawa tanda-tanda (disunda mah sok disebut bandera) nu dikanyahokeun ku manehna yen maranehna arek deukeut ka paeh. Ayat eta teu nitah kudu nyaho kana tanda-tanda arek paeh tapi nunjukkeun yen pasti GEUS kanyahokeun lamun eta jalma takwa (lain nafs biasa). Ayat ieu mah malah leuwih ngajurung supaya nyieun wasiat nu ma'ruf keur batur memeh paeh nu ngarupakeun kawajiban jalma muttaqin.

Jadi ana kitu karek urang kasebut muttaqin lamun urang (salah sahijina) apal tanda-tanda/ciri/bandera paeh !!!!!...euleuh... atuh kudu apal kana tanda-tandana ameh asup golongan muttaqin ??
 
 
------------------------------------------------------------------------------
Trik akses internet murah Rp 278,-/ jam http://www.agenduit.com/?id=sulivanmae


Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke