Subhanallah...

Alhamdulillah... sim kuring gaduh guru di ieu milis...
Sing sering masihan piwulangna, Kang Oman...

Tansah,
AJ

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Bismillaahirahmaanirrohiim,
>  
> Aeh, hampura mh, rumasa tacan diimeutan sadayana
> eusi website TQBS teh, tapi geus miheulaan usul.
> Nuhun atuh ari kitu mah. Sakantenan bae bade usul
> deui bae minangka "persenan anu mudah-mudahan mawa
> manfaat" (tips), khususna ka anu bade prung
> didaramel dina proyek TQBS, oge ka sadayana bae. Ieu
> usulan teh ngarongheap saba'da jeung salila si
> kuring ngalalanyahan migawe pancen hancengan.
>  
> Sumangga, ieu tips teh manawi bahan katampi, pikeun
> arurang ngalalanyahan narjamahkeun Al-Qur'an kalayan
> pangdu'a, mugia TQBS urang teh nyaketan ku anu
> dimaksud ku Al-Qur'an. Saleresna, heunteu ukur
> pikeun TQBS bae ieu teh tips teh, balikta pikeun
> narjamahkeun Al-Qur'an kana basa naon bae oge:
>  
> 1. Ieu pangeling-ngeling umum: Ari basa anu
> digunakeun ku Al-Qur'an teh eta basa Arab anu puguh
> aturan tata basana. Sedengkeun basa arab teh rada
> beda aturanana dibanding basa Sunda atawa basa
> Indonesia, oge Basa Inggris. Kukituna, sabisa-bisa
> narjamahkeun Al-Qur'an teh, sok sanajan aya rujukan
> basa Indonesia-na, dibaturan ku kamus Arab-Indonesia
> jeung ku buku gramatika basa Arab (anu ringkes bae
> heula). Diantarana, pikeun kabeungharan basa dina
> lebah kudu milih harti hiji kecap anu karasana
> leuwih pas pikeun tarjamahan.
>  
> 2. Pakait jeung papagon umum di luhur, tina
> gramatika  basa Arab (Nahu-Shorof), aturan anu
> sederhana tapi penting salawasna diinget nalika
> narjamahkeun teh nyaeta aturan "isim" bae heula. Ari
> 'isim' teh "kata benda" tea anu di lebetna aya
> aturan ngeunaan barang/benda anu geus dipkanyaho
> atawa tacan dipkanyahona, jumlah (wilangan), jeung
> idhofat (ka mana pangbalikan ngarujukna eta kecap
> barang anu diasongkeun ku hiji kalimah.
>  
> Isim dina basa Arab aya 2 jenis: :"isim nakiroh"
> jeung jeung "isim ma'rifat". Anu dimaksud "isim
> nakiroh" nyaeta kecap barang anu teu acan tangtu
> (indefinite article dina B. Ingris mah), sedengkeun
> "isim ma'rifat" eta sabalikna, alias kecap barang
> anu tinangtu (definite articel tea). Isim "nakiroh"
> ditandaan ku tanwin, isim ma'rifat tandana aya "alif
> lam" di payunna. Babandingan dina B. Inggris mah
> antara "kata benda" anu di payunna aya kecap "a"
> atawa "an" sareng anu dipayunna aya kecap "the".
> Upama, "kitabun" = a book (isim nakiroh); ari
> "al-kitab" eta = the book (hiji kitab anu tinangtu
> atawa anu samemehna geus disebutkeun). 
>  
> Anu kadua, ngeunaan jumlah. Basa Arab (jeung
> dulur-dulurna anu sarungkun), sigana hiji-hiji basa
> di dunya ieu rada unik dina ngatur kecap keur jumlah
> wilangan barang/jelema dina jejer aturan "kata
> benda". Upama dina basa Sunda wilangan teh
> ditunjukkeun ku angka (sanajan ditulikskeun, upamana
> hiji, dua, tilu buku), bahasa Ingris ngan ngabogaan
> dua jenis: tunggal jeung jamak (a book jeung books),
> bahasa Arab mah aya tilu rupa. Aya hiji (kitabun),
> aya dua (kitabaani) sareng tilu atawa leuwih
> (kutuubun). 
>  
> Ieu aturan anu rada seueur, tapi taliti teh,
> pagaliwota jeung kakuduan urang nengetan jenisna
> (naha awewe/muannast/feminin atawa
> lalaki/mudzakkar/maskulin) jeung kaayaanana (naha
> anu dituju ku hiji kalimah teh aya dipayuneun/hadir
> atawa teu aya dipayuneun/ghoib; urang mikawanohna
> salaku "kata ganti"). Kuang kumaha, da kitu aturan
> basana.
>  
> Dina kecap pangganti (dhomir) keur jumlah ieu oge
> beda. Upama hiji, pameget, dhomirna teh "hu" (atawa
> hi, gumantung kecap panganteurna/khobarna). Upama
> dua, "huma", upama tilu 'hum", eta teh lamun lalaki
> anu ghoib (keur diobrolkeun alias teu hadir). Keur
> awewe anu teu hadir, patutur-tutur hiji, dua, tilu
> atawa leuwih: haa, huma, hunna (sadaya na ku "h"
> ageung siga dina "haadzaa"). Pon kitu deui nu
> sanesna, mangga uningaan bae aturan ngeunaan "kata
> ganti" ieu pikeun lalaki jeung awawe anu hadir atawa
> teu hadir, kalawan jumlah  hiji, dua, tilu atawa
> leuwih. 
>  
> Kukituna, dina narjamahkeun Al-Qur'an teh peupeujeuh
> kudu ditengetan, naha kecap barang atawa jumlah
> (upama salian ti barang) teh make kata ganti
> (dhomir) anu nuduhkeun hiji, dua atawa tilu jeung
> saterusna; oge dhomirna teh naha pikeun awewe atawa
> pikeun lalaki? naha anu diobrolkeun/dimaksud ku ayat
> anu keur ditarjamahkeun teh kaasup hadir atawa teu
> hadir?
>  
> 3. Ngeunaan waktu pagawean (kata kerja)/ tense oge
> kudu dibalitungkeun. Sederhanana, dina basa Arab
> waktu teh aya anu kamari /past tense (fiil madhi)
> jeung  ayeuna atawa arek datang/ fiil mudere
> (ditandaan ku "iyya" atawa "ta" dipayuneun "kata
> kerja-na). Tapi kedah diemut oge, kadang-kadang
> wangun "fiil madhi" sok dipake oge dina
> ngagambarkeun kajadian anu baris datang. Tah lebah
> dieu mah ieu "fiil madhi" teh nuduhkeun yen eta
> (kajadian anu diwakilan ku kata kerja) PASTI baris
> kajadian/dilakukeun.
>  
> 4. Variasi "kata kerja". Basa Arab dilengkepan ku
> "perubahan kata" atawa "derivat" atawa turunan "kata
> kerja" anu masing-masing aturan derivat ieu ngandung
> maksud tinangtu. Upamana bae: kecap "ghofaro" anu
> jadi "astaghfiru" tina asal kecap "ghofaro" anu
> ditambahan ku "alif, sin, ta" di payun,  robah
> hartina tina "ngahampura" jadi "(salwasna)
> nyuhunkeun dihapunten". 
>  
> Pon kitu deui, kecap "tanazzala" (double "z") tina
> kecap "tanazala" ("z" tunggal) robah hartina jadi
> "eukeur atawa arek mindeng turun" (malah mah "eukeur
> atawa arek pulang anting turun") tina harti anu
> dirobahna "eukeur atawa arek turun"). Kukituna, dina
> surah Lailatul Qodr, tiasa dibandingkeun, upama
> Al-Qur'an mah geus turun sagemblengna (jeung moal
> turun deui da make fiil madhi, "anzalna tea). Tapi,
> ari malaikat jeung maleman al-qadr mah (anu
> ditunggu-tunggu ku anu saraum) eukeur jeung baris
> terus turun (pulang anting dina eta maleman an anu
> mulya unggal taun) sabab migunakeun kecap
> "tanazzala" (dina ayat "tanazzala al-malaaikatu
> fiihaa...jst").
>  
> 5. Seueur pisan ayat Al-Qur'an, sok sanajan satiap
> kalimah, sadayana lengkep subyek-predikat-obyekna,
> namung heunteu tiasa dipisahkeun sareng kalimah
> (ayat) samemehna atawa saba'dana. Dina lebah dieu,
> aturat idhofat atawa pangrujukan, penting pisan. Anu
> narjamahkeun, dina lebah bingung ku patarosan
> nyalira kudu kamana ngarujukna anu dimaksud dina
> hiji ayat, kedah atos-atos pisan dina
> narjamahkeunana teh. Hal ieu teh salian pikeun
> katalitian oge sangkan tarjamahan Al-Qur'an anu
> dipidamel teh langkung komunikatif tur nyaketan
> bebeneran sakumaha anu dimaksud ku eta kalam ilahi.
>  
> Sakitu bae heula, ayeuna mah urang contoan bae
> sangkan urang sadaya langkung paham ku anu dimaksud
> ku tips di luhur. Upamana, dina Surah An-Nabaa'
> (surah ka 30) anu keur dihanca, urang coba
> larapkeun:
>  
> Ayat ka hiji: "Amma yatasaaaluun" (anu ditulis
> double nunjukkeun panjang, kagigirkeun heula soal
> harkat/wirahma panjangna mah). Dina ayat ieu, isimna
> isim jamak, nakiroh; dhomirna dhomir ghaib kalawan
> jenis kalimah aktif. Hartina, anu keur diobrolkeun
> teh teu hadir. Jadi kira-kira tarjamahanana teh:
> "Ngeunaan naon maranehanana tatanya (bae) teh?". 
> Tarjamahan "tatanya' bae teh tina "yatasaaluun"
> ("saala" ditambahan "kecap "alif" jeung "ta",
> "alif'-na geus lebur ku "ya" dipayuneunana anu
> nuduhkeun waktu ayeuna jeung ka hareup/ "present
> tense" jeung "future tense")
>   
> Ayat kadua: "An (in) an-Naba al-'adzhim". Ieu ayat
> nerangkeun/garujuk/ngajawab ayat kahiji di luhur.
> Isimna isim ma'rifat (lantaran aya "alif lam").
> Jadi, upama ditarjamahkeun "ngeunaan beja anu gede"
> rada kurang merenah, sabab dina eta tarjamahan tacan
> kaciri (katarjamahkeun jenis isimna anu ma'rifat
> tea). Ma'rifat nu kahiji (An-Nabaa), rupina, yen
> beja teh lain sabeja-bejana; sedengkeun ma'rifat anu
> kadua mah (Al-'Adzhim) heunteu pati hese teuing,
> sabab bisa nuduhkeun gedena teh gede pikeun beja anu
> tadi, anu lain sebeja-bejana tea. Kamana atuh
> neangan "ma'rifat"-na pikeun eta kecap "beja"? Lebah
> dieu perluna ngarujuk ayat-ayat samemehna atawa
> ayat-ayat sejenna anu pakait tina sakabeh eusi
> Al-Qur'an. Tapi, anu ieu mah geus lain tarjamahan
> deui namina, balikta anu disebut tafsir tea.
>  
> Mangga, sakitu heula anu tiasa kapihatur. Kirang
> langkungna neda tawakuf. Oge mugi ieu tips teh
> heunteu ngirangan sumanget sareng matak ngarengkog
> ka anu bade ngiringan pancen TQBS. Balikta anu
> dipiharep, sadayana janten sumanget tur salamina
> milarian lengkah anu sae dina hiji padamelan.
> Sangkan "pakena gawe rahayu, pakeun heubeul jaya di
> bhuana" tea. Mung Alloh anu paling uninga kana anu
> pangbenerna tina sadaya perkara.
>  
> Baktosna,
> manAR   
> Sun Rawayan Raksaning Gusti
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> sami-sami kang, mudah-mudahan papada sehat.
> 
> saleresna perkara nu ditaroskeun ku salira, tos aya
> di
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
All your favorites on one personal page � Try My Yahoo!
http://my.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke