Sumuhun kang abdi oge hayang sasadu lah ka US teh, cobi mun urang tingal akhir acaran teh si BASUKI teh ngomong pake basa manehna jeung grup HOKI teh. Tah nukieu teh ngahambat budaya Sunda tapi budaya Si BASUKI maksakeun ka budaya Sunda :
"Ngaing moal ngaganggu dia lamun dia teu nganggu ngaing tapi lamun dia ngaganggu ngaing ku ngaing di tuar "
Saking ku kesel-kesl na kakalakuan si BASUKI teh, sok asa aya uyah kidul pedah manehna Senior, sok senioran mana jeung Kang IBING. Pan manehna Anggota SRIMULAT apaanan lain maksakeun budaya manehna ka urang, punteun rada kasar "aing sok keuheul ka kalakuan samodel kitu"
Cobi mun urg tingali basa duet dalang kondang teu aya silih ledek, naha nu kit disebat seniman, atawa tukang seni teu harti seni
Cobi mun urg tingali basa duet dalang kondang teu aya silih ledek, naha nu kit disebat seniman, atawa tukang seni teu harti seni
sakitu heula loba keneh kakeheul teh kuring ka si basuki
wasssalam
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Korek api ieu lain korek api anu sok ngajelegur hurung lamun dicekeskeun, tapi salahsahiji acara di TPI anu midangkeun acara audisi pelawak. Ma'lum kaayeunakeun keur usum demam demaman salain DBD oge demam audisi audisian, api-apian, idol-idolan, kadei-kadeian, boa-boa engke mah kdi ge robah jadi kontes dukun indonesia atawa penghuni terakhir diganti hadiahna ku kuburan anu hargana sarua sa-em oge, ngan meureun ngarana diganti jadi peristirahatan terakhir, anu meunang bakal dibere hadiah kuburan tur kudu cicing salilana didinya. Cing saha nu nek ngilu audisi ?Balik deui ka korek api, basa kang Ibing jadi tim pencela (juri) mun togmol mah geregeteun hayang nanya, naha ti urang sunda euweuh nu ngirimkeun ? Nu jol teh ti jawa deui ti jawa deui jeung ti batawi. Padahal pan urang sunda teh kasohor tukang banyol. Bener ceuk kang Akri komedian urang kulon anu nyantri " Emang enak ngelawak!" celetukna. Enya teu gampang ngabanyol hareupeun batur komo bari jeung dijurian ku para dedengkot pelawak. Leuwih gampang nyeungseurikeun batur tibatan nyieun pikaseurieun. Najan siuing ge anu sok pirajeunan kutrat kotret anu teu weleh dibumbuan ku royko, eh ku humor, asana angkat tangan lamun kudu ngabodor dihareupeun umum. Eta meureun pangna ti tatar pasundan jarang nu ngirimkeun. Matak hanjelu.Peuting kamari kahanjelu ka grup lawak ti sunda asa ka ubaran ku tampilna SOS grup lawak asal Bandung. Bahan lawakanana edun, plesetanana aptudet, jeung geus pasti logat sundana lekoh pisan. Palawak Parto anu kungsi jadi koboy-koboyan di planet hollywood alatan embung diwawancara ge, ngacungkeun jempol tur mere pujian pon kitu deui tim pencela sejena saperti Tessy Kabul alias awewe kajajaden mere cap jempol oge. Ngan hanjakal kang Ibing harita teu kaparengan ngajurian. Anu matak nyungkelit kana ati komentarna Basuki salaku tim pencela, anu ngucapkeun "ENEK" ningali lawakan SOS lantaran cenah geus nyaho ti sunda hayoh make ngahaleuang lagu sunda. "Emang yang nongton acara ini urang sunda semuah!" Emh matak nyentug, enya gara-garana mah mimiti ngalawak dibuka ku kecap kecap sunda bari dihaleuangkeun. Pikeun anu sok pirajeunan nongton acara "Sasagon" ditivi Bandung mah, hahaleuangan model kitu teh geus teu bireuk deui kawas bodoran Siompong tea. Eta ge meureun meunang ngadopsi tidinya. Keun ngarana ge tim pencela, malah basa aya grup ti Semarang anu ngomong kajawa-jawaan manehna ngomong kitu oge. Tamba Era.Ahirna tim SOS pangpunjulna, aya 37 % tina pengumpulan sms. Hag siah enek enek tapi enak juga kan !" Mangga ka urang sunda urang dukung baraya urang ieu, kujalan ngirim sms ketik API spasi SOS ka 6288. Mun teu kuurang sunda nya kusaha deui, paling paling batur mah nyebut ENEK maning, ENEk maning !.SR ( Sunda Bangeeet )
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
ALL-NEW Yahoo! Messenger - all new features - even more fun!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

