Baraya, Nepangkeun deui ka nu arenggal lebet bin gabung di ieu lembur. Enya, asa loba dosa kuring teh. Siga tara ngelol, padahal mah ari nyerangkeun mah osok--sok sanajan ti kajauhan.
Punten, lain kuring tamelar, sumawona poho atawa mopohokeun mah. Punten Teh Imas, Kang Ikmal, Mama Manar, Neng Pupi/ Kang Kandar, Ua Sidik. Teu...teu pisan-pisan kuring mopohokeun ka sarerea oge. malah, osok silih gero mah sakali-kali sareng anu OL. Ngan nyakitu, lain so so an sibuk. Tapi...enya ketang, ieu paculeun mani lega. Mana dunungan mani muncereng wae nyerangkeun bari ngadagoan berena pagawean. Mun anjeuna keur meleng, nya kuring ngintip ka lembur KUSNET. Kadang, kuring masih keneh ngintip dugi ka tengah peuting. Tadi, basa kuring aya kapereluan ka dayeuh, eh Teh Imas nelepon. Duh mani arisin, nepi ka kudu ditelepon sangkan kuring ngelol deui. sakali deui punten ka sadayana. Kalebet anu ngaamanahan kuring kudu nguruskeun Zakat. Ngenaan Kongres di Hotel SANTIKA tea (di mana nya? rumasa teu apal, punten), kuring atoh bin bungah. Sugan, akronim KONGRES = Ngawangkong teu Beres-beres teh, leres sapertos sumangetna Teh Imas sareng kang Ikmal, tiasa dipupus. Sakitu heula baraya, yeuh keur ngereuyeh deui, bari maca buku "Ucang-ucang angge" yasana Kang Ajip Rosidi. Mani hebat baktos, tantan ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

