Ah Kang Waluya mah, asa ditunjuk irung, kasigeung euy abdi ku Bah Nasruddin teh heuheu.

Hmm… maos Damascus, Isfahan, ras janten emut ka filem nu kamari ditongton, judulna ISLAM: THE EMPIRE OF FAITH, damelana PBS (www.pbs.org). Ngahaja ngagaleuh ti internet da hoyong apal sajarah agama sorangan ceuk beja urang Kulon:

 

“….Taun 622 Masehi, Muhammad (SSKA) muka kota Mekkah bari jeung teu ngocorkeun getih nu teu perlu. Dua ratus taun ti harita, panceg hiji karajaan gede nu manjang ti Spanyol Kidul di Eropa nepi ka India di Asia Tengah: KARAJAAN ISLAM.  Karajaan nu bakal mulas hirup jeung kahirupan manusa leuwih ti sarebu taun. Hiji karajaan nu teu diajegkeun ku dadasar saturunan, saseler atawa sanafsu tapi ku sakayakinan. Hiji karajaan nu disebarkeun lain ku pedang tapi ku akhlak padagang-padagangna. Hiji karajaan dimana kabeh agama diagungkeun jeung hirup pagigir-gigir: tempat shalat pagigir ngahiji jeung gareja Nasrani di handapeun suhunan Katedral St. John the Baptist di Damascus. Hiji karajaan nu ngalahirkeun elmu (sains) ti uteuk salah sahiji ulamana, Ibnu Rusydi; nu ngalahirkeun konsep rumah sakit padahal harita di Eropa jalma gering diobatan ku muja-muji ka karuhuna. Hiji karajaan nu geus make cek jeung bank dina wangun ekonomina. Hiji karajaan nu makmur gemah ripah loh jinawi nu matak hookeun tatangga-tatanggana. Hiji karajaan nu ngenalkeun rennaissance 800 taun samemeh Revolusi Industri mawa cahaya ka daratan Eropa.

 

Karajaan pangagungna dina sajarah umat manusa nepi kaayeuna. Lain ukur dina wilayahna nu leuwih jembar tibatan Romawi, tapi dina sumbangsihna kana kahirupan umat manusa. Karajaan nu diadegkeun ku kayakinan kudu ngamulyakeun Hiji Pangeran nu disampekeun ku Muhammad (SSAK). Utusan Pangeran nu mulya nu teu ngimpi nyieun kakawasaan di dunia, tur teu jumeneng lila pikeun nyaksenan umatna mawa kamulyaan ka papadana di dunya.”

 

Kitu cutatan tina filem eta teh, mangga nu panasaran hoyong terang peta, gariswaktos sareng sajarah lengkep karajaan eta, tiasa maos di http://www.pbs.org/empires/islam .

 

Kahatur, samudaya lepat dina seratan di luhur estuning tina balelona diri, nu sae mah teu sanes iwal kagungan-Na.

Bakyos, tudi …. eh lepat: Baktos, Yudi

 

======

Ieu aya dongeng, kanggo bujangan anu milarian istri anu sampurna. Kenging copy-paste tina milis sabeulah. Punten henteu dikana basa sundakeun heula.

Wanita Sempurna

Nasrudin bercakap-cakap dengan seorang teman. "Omong-omong, apa kamu tidak pernah mikir untuk nikah?"
"Ya, tentu," jawab Nasrudin. " Di masa mudaku, aku bertekad mencari wanita sempurna. Kuseberangi gurun, sampai di Damaskus, dan kukenal seorang wanita yang spiritual dan cantik; tapi ia tidak tahu apa-apa tentang hal-hal di dunia ini. Kulanjut perjalanan, dan di Isfahan kutemukan seorang wanita yang menguasai pengetahuan dunia maupun spiritual, tapi tak cantik. Kemudian kuputuskan untuk pergi ke Kairo, di mana aku makan malam di rumah seorang lajang cantik, relijius, dan mengenal realitas material." "Lalu, kenapa kamu tidak menikah dengannya?" "Nah, itu dia teman! Sayangnya ia juga mendamba seorang pria yang sempurna."



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor

Get unlimited calls to

U.S./Canada



Yahoo! Groups Links

Kirim email ke