Damang kang Sidik Sareng kang Yani...? Nuhun atuh daramang mah....
Sami atuh si teteh ngaraos reueus ku seueurna baraya riung mungpulung di babakan kusnet. Tapi saur teteh mah kang Gery teu sawios teu lebet ka milis ge, mung dina waktosna urang ngariung, anjeuna tiasa ngaluuhan, sanes kitu kang...!
Sumuhun bati cimalati tos katinggal, tina kuncup bade mangkak...tos mangkak, kedah sengit ngahiliwir, ngadalingding kaambung kama-mana dugi ka jagat raya....tapi, ulah dugi ka layu sebelum berkembang, tah anu kieu teu aya gunana ruang-riung !! .he he..punten ah, heureuy.....
baktos
teh tien
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun, mugi-mudi bae leres kituna, janten landong kana hate/batin.Leres wargi US di Seoul nambihan deui ku kasumpinganana pa Gary anu janten wakil Kepala Perwakilan RI/DCM di Seoul, peryogi kauninga pa Gary teh ibu ti Sumedang rama ti Padang, babar di Batawi tiaalit dugika dewasa di Batawi sareng luar nagri.Bingah ku katambihan wargi US, namung rada hanjelu teu tiasa ngabetot ka babakan Kusnet, malih mah, sateu acan pa Gery sumping oge, aya pituin urang Bandung, namung geuning berekah teu acan tiasa ka olo ngiringan milis US, duka pedah repot pisan dugika teu gaduheun waktos kanggo ilibiung di US, duka teuing pedah luhur teuing korsina dugika teu tiasa ninggali "prihatinna" US, wallahu alam...., mugi bae kapayun kahudang manahna, katarik atina, tiasa ngiring merhatoskeun "kaprihatinan" US.Sim abdi mung tiasa namprakkeun dampal panangan, muji kahadirat Illahi Robbi, bari teu kendat ngucap ; "Alhamdulillah", geuning bibit anu dipelak di Cimalati kuurang sadaya, barokah janten hiji tangkal anu ngarandakah, mugi-mugi bae ieu tangkal ngahasilkeun buah anu leubeut, kanggo petikeun anak incu urang kapayun....... Amin ya robbal allamin.Teu hilap kapara wargi US anu di Jakarta, sim abdi ngahaturkeun rewu-rewu nuhun, laksa keti kabingahan, ku tekad sareng niatna dina enggoning naratas jalan pikeun ningkatkeun darajat Sunda sareng USna, mugi-mugi eta tekad sareng niat anu sae ulah mendakan halangan sareng gogoda, teras sumebar kana sukma US sanesna sareng anak incu urang sadaya dugika akhir jaman..... Aminnnn ya robbal alamin...!!!Bralllll... Ujang...Nyai.. putra-putra Sunda nu rancage di hatena, nu hariwang ka sarakan ......geura narindak..!!, poma ulah hilap...nya lengkah bawa Bismillah.....nya indit pirig ku dzikir......didasaran ku niat suci...........ditungtun kubudi luhung....dicaangan pangaweruh....dibaturan ku leber wawanen...Prungngngngng.....geura.......!!! TANDANG MAKALANGAN, tos ninggang MANGSANA urang HUDANGNGNG.........!!,nitih WANCINA urang NYARINGNGNGNG..........!!!.Sim abdi mung tiasa ngawaskeun tijauhna, kalayan jajap pangdu'a.S.S. WiradirejaNu teu weleh ngiring ngau'aMRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Alhamdulillah, bingah mireng wartos Apih tos sibuk deui.Saur urang kasehatan mah, kasibukan teh salah sawios landong ngagumbirakeun hate, sareng awet ngora.
Saur Kang Yaya, di Seoul ayeuna aya nambihan wargi sunda, ku dongkapna Kang Gery (urang Sumedang, mantuna Bung Hatta), anu janten jalmi nomor dua di Kedubes RI di Seoul.
Kuring oge mireng wartos ti pun bojo, dua minggu kalangkung papendak sareng bojona Kang Gery (Halida Hatta), perkawis tempat dinesna Kang Gery di Seoul.
Ari pangemut kuring mah, babakan Kusnet janten rame, sabada acara Halal bihalal di Cimalati.Sigana "sumangat" cimalati teh "ruar biasa" pisan. Aya dorongan anu kiat di kalangan para "kusneter" hoyong ngayakeun aksi anu nyata kanggo "Sunda sareng Kasundaan", heunteu mung sakadar "hahalowan" di internet.
Dorongan sumanget eta, anu nuju bade dipidamel ku Kusnet Jakarta. Nyuhunkeun do'ana wae Pih, ,mugi lancar teu aya halangan.
baktosna,
mrachmatrawyani
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum wr. wb.
Kumaha daramang para wargi..???, mugi-mugi bae sadayana nuju aya dina kasalametan sareng karahayuan.
Punten yeuh nembe tiasa ngalongok lembur, raraosan tos aya dua sasihna teu ka babakan, tisabarang wangsul tilembur.
Tetela geuning dina waktos anu dua sasih teh seueur
pisan wargi-wargi enggal, kukituna sim abdi
leuir-leuir oge, kapara wargi enggal, ngahaturkeun ;
"Wilujeng Sumping", "Wilujeng Ngariung Mungpulung"
diieu Babakan, mugia sing betah kalawan tumaninah
ngiringan diieu milis, mangga ulah asa-asa, insya
Allah seueur pulunganeunana, seueur petikeunana
kalayan seueur alaeunana, boh pangaweruh nyakitu
deui tali silaturahmi.
Wassalam
SSW
nuju ngahekok......
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

