Wilujeng enjing deui Kang Rachmat Suwanda van Sukabumi, wilujeng ngariung
di ieu babakan Kusnet, hatur nuhun parantos kersa ngariung ngawarungbandung.
Kapungkur taun 70an, di Sukabumi teh aya Perpustakaan Daerah upami teu
lepat mah pas di pengkolan, gigireun palih kiwa kantor telepon, buku-bukuna
kaetang lengkep, boh anu lami boh anu nembe jaman harita, malih buku buku
Sunda ge aya. Mung hanjakal ayeuna mah tos teu aya, duka ti iraha tah teu
ayana teh, duka ngalih duka kunaon.
Manawi aya katerangan dikamanakeun eta buku anu sakitu seueurna teh, lebar
temen upami bangkar.
Sim kuring ngantunkeun Sukabumi teh taun 1973an, kantos taun 2000an
kukurilingan milarian raratan eta Perpustakaan, Alhamdulillah nyamos teu
aya pisan katerangan.
Manawi Kang Rachmat uninga.

Hatur nuhun
MSasmita
kuncen # 2.


At 02:27 PM 2/23/2005 +0700, you wrote:
>      
> 
> 
> Wilujeng enjing ka sadayana,
> 
> Nepangkeun wasta abdi Rachmat Suwanda, kawit ti Sukabumi. Linggih sareng
> kulawargi masih di sukabumi, mung milari kanggo ngebulkeun pawon di Bekasi.
> Uninga milist ieu teh di rekomendasikeun ku salah sawios sobat dalit anu
> parantos joint sateu acanna.
> Upami motivasi gabung, hoyong ngiring mikareueus, malire, sareng ngamumule
>Sunda
> jeung kasundaan oge hoyong nabih wargi.
> Sakitu heula panginten ti abdi, mugia dulur sadayana tiasa nampi. Hatur
nuhun.
> 
> 
> Rachmat Suwanda.
> 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke