wilujeung enjing baraya...
neng widzar di antos di hotel santika ping 26 pebruari, abdi hoyong ngadangu puisi anjeun deui sapertos di cimelati. duh neng matak waas...
salam
imas
Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Neng Wida,
Deudeuh teuing Nyai,
naha make hayang ingkah ti Bandung?
pedah Bandung geus heurin ku tangtung?
pedah runtah geus pabayatak?
sieun ka ruang ku runtah?
cik saha nu salah?
ningan batur nu cilaka.
padahal siganamah kabeh boga rumasa
teu kungsi meresan runtah
teu kungsi nyalisir runtah
mun daek nagduruk runtah sewang-sewangan
plastik, kaleng, kardus dikumpulkeun
puguh bisa dipake deui
rutah organikna ruang sena jadi gemuk
atuh nu sejenna duruk sena jadi balik kataneuh
tuda ieu mah kumaha
murak pereman, bungkusna lung dialungkeun
pabayatak...
deudeuh teuing bandung ngahunyud ku runtah
KangYa
Tungtung Seoul
--- widzar_alghifary <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> di dieu harepan jadi walungan
> : kanggo teh neni, nu nuju sedih.
>
> enya, meureun kuring jeung anjeun geus teu bisa deui
> ingkah
> malibir jalan tina carita nu geus mangusum-usum
> kajadian
> urang rurusuhan ngalengkah
> lumpat tina kanyeri nu ngarohang na dada urang
> kuring jeung anjeun ningan teu walakaya
> ukur bisa ngaheruk bari ngitung ratugna jajantung
>
> di dieu, harepan jadi cai walungan
> ngamalir marengan getih
> sarenghap jeung ambekan urang
> ngamuara dina hate
>
> peuting ukur nyesakeun jempling
> sedeng carita anjeun can manggih tungtungna
> beuki peuting, hate beuki godewang
> "ningan cinta teh perih, Kang!" gerentes hate anjeun
> marengan bulan nu ceurik balilihan.
>
> BumiAllah, 13 Februari 2005.
>
>
> saleresna mah puisi ieu teh tos lami di damelna.
> tapi nembe ayeuna ningan kapostingkeun nana.
> muhun, ieu mah puisi kanggo nu nuju saredih.
> nu nuju bagja kenging maca, tapi kedang ngiring
> sedih.
> hehe..
>
> salam,
>
> widzar.
> *) tetep hayang ingkah ti bdg.
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

