Subhanallah... Nuhun Gusti, kuring mendakan deui
guru...

Hapunten, bade ngiring nyanggem sakedik perkawis
"Ahlul Bait". Kecap ahlul bait teh kakoncara di kaum
Syiah, anu dilarapkeun ka kulawargi Sayyidina Ali,
sakumaha kasauran Kang Zam, nyutat pemendak Jalaluddin
Assuyuthi. Dina hiji padungdengan, ieu larapan teh
lengkepna dilarapkeun ka Rasulullah SAW sareng
kulawargi Sayyidina Ali. Nanging dipadungdengkeun oge
yen eta teh kirang, margi ahlul bait Rasulullah teh
kedah ngalebetkeun Sayyidina Utsman bin Affan (mantu
Rasulullah SAW sapertos Sayyidina Ali), oge Sayyidina
Abu Bakar sareng Sayyidina Umar bin Khatab (duanana
mertua Rasulullah SAW). Kumaha pamendak Kang Zam upami
kitu?

Baktos,
AJ

--- "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Bismihi ta'ala
> 
> Assalamu 'alaikum wr. wb.
> 
> 
> 
> Nyutat pepelingna kang Manar dina posting Tips
> Narjamahkeun al-Qur'an : "Ari basa anu digunakeun ku
> Al-Qur'an teh eta basa Arab anu puguh aturan tata
> basana". Sim kuring kacida panujuna kana pedaran
> Kang Manar diluhur. Ngan hanjakal, aya hiji
> kanyataan nu teu bisa ditolak yen sababaraha tafsir
> nu dianggap bener ku sabagian gede kaum Muslimin
> rada patojaiah jeung aturan tata basa Arab. 
> 
>  
> 
> Urang salaku umat Islam nu yakin tur percaya kana
> benerna ieu Kitab Suci tangtu moal boga sak wasangka
> yen Gusti Allah nu nurunkeun ieu Kitab geus nyieun
> kasalahan tatabahasa saperti nu dituduhkeun ku
> sawatara panalungtik orientalis. Lamun tea mah aya
> kasalahan, tangtu lain al-Qur'anna nu salah, tapi
> tafsirna perlu diilo deui. Ieu sawatara contona.
> 
>  
> 
> 1.                  Surat al-Ahzab ayat 33 
> 
> Ieu ayat unina : Innama yuridullahu liyudzhiba
> anKUMur rijsa ahlulbayt, wayuthohhiruKUM tathhiro.
> Hartina : Saenyana taya lian Allah ngan mikarep
> nyucikeun maraneh, hai Ahlul Bait, sarta
> ngaberesihan maraneh sabersih-beresihna. Dina tafsir
> nu umum Ahlul Bait teh para geureuha Kangjeng Nabi
> (tinggali Al-Qur'an Tarjamah Sunda Al-Amin). Tah,
> lamun Ahlul Bait ditafsirkeun geureuha Nabi, ayat
> ieu ngandung grammatical error, sabab lamun anu
> dimaksud para garwa Nabi, dhomir keur Ahlul Bayt
> kudu migunakeun dhomir jama' muannats nu ditangaraan
> ku "Nun Niswah". Jadi uni ayatna kudu kieu :
> ".liyudzhiba anKUNNA..wayuthohhiruKUNNA..".
> 
> Kusabab al-Qur'an pamohalan salah, mangka nu salah
> tangtu tafsirna. Jadi Ahlul Bait lain garwa-garwa
> Kangjeng Nabi. Dina Kutubus Sittah (minus Bukhari
> jeung Muslim) disebutkeun yen Ahlul Bait teh nyaeta
> Ali, Fatimah, hasan, jeung Husain. Ieu katerangan
> oge dicutat ku Jalaluddin Assuyuthi dina Kitab Durul
> Mansur. (Lamun ieu cocog ayat diluhur migunekeun
> dhomir KUM)
> 
>  
> 
>   2.. Surat Abasa ayat 1 jeung 2.
> Ieu ayat unina : 'Abasa wa tawalla, injaahul a'ma,
> wamaa yudrika la'alahu yazakka. Hartina :
> 
> MANEHNA (Muhammad) baeud tur ngabalieur, kusabab
> datang ka MANEHNA jalma lolong. Jeung naha MANEH
> (Muhammad) teu nyangka saha nu nyaho manehna the rek
> nyucikeun diri ?
> 
> Ayat kahiji, ka dua jeung katilu dinisbatkeun ka
> Kangjeng Nabi. Padahal ayat kahiji jeung kadua
> ngagunakeun dhomir / kecap gaganti nu teu hadir
> (jalma ka tilu). Sedengkeun ayat nu katilu
> ngagunakeun kecap gaganti jalma kadua. Sakuduna
> lamun nu baeud jeung ngabalieur teh Kangjeng Nabi,
> ieu ayat kudu kieu unina : 'AbasTA watawallaiTA,
> InjaaKAl a'ma.
> 
> Deui-deui al-Qur'an pamohalan mibanda kasalahan. Nu
> salah tangtu tafsirna. Cek salahsahiji hadits ti
> jalur kulawarga Rasul, anu baeud tur ngabalieur ka
> jalma nu lolong teh lain Kangjeng Nabi, tapi saurang
> gegeden Umayah nu kakara abus Islam.
> 
>  
> 
>   3.. Surat Al-Maidah ayat 6
> Ieu ayat unina : "..faghsilu bi wujuhikum wa
> aidiyakum ilal marifiq, wamsahu ruusakum wa
> arjulikum ilal ka'bain.", anu pihartieunana :
> ".Mangka geura kumbah beunget maraneh jeung leungeun
> maraneh semet siku jeung geura usap sirah maraneh
> jeung (kumbah) suku maraneh semet mumuncangan..".
> 
> Tarjamah dilihur mangrupakeun tarjamah nu popular nu
> nyebutkeun parentah ngumbah suku dina wudu. Lamun
> tea mah enya aya parentah suku kudu dikumbah, kecap
> parentah (fi'il amr) "ighsilu" kudu disebutkeun deui
> miheulaan "arjulikum", jadi ayatna kudu kieu :
> "..waghsilu bi arjulikum.". Tapi kusabab geus
> katalanjuran dina fikih yen suku kudu dikumbah sarta
> pamohalan ngarobah redaksi al-Qur'an, kecap
> arjulikum kapaksa kudu dibaca "jar"  sarta wawu dina
> "waarjulikum" dianggap wawu 'athof  kana
> "aidiyakum". 
> 
> Katerangan saperti kieu henteu lumrah dina tata basa
> Arab. 
> 
> Coba tengetan tarjamah ringkesna: 
> 
> "Kumbah beungeut jeung leungeun, usap buuk jeung
> suku". Dina basa naon bae harti ieu parentah pasti
> sarua yen suku kudu diusap. Kukituna ieu ayat kudu
> dibaca :"...waarjul(a)kum." dibaca make nashob sabab
> di-athafkeun (dikantetkeun) kana "ruusikum",  lain
> ".waarjul(i)kum." sabab pamohalan dikantetkeun kana
> "aidiyakum".
> 
>  
> 
> Cag ah, bisi loba teuing salahna.
> 
> 
> 
> Tansah,
> 
> zam
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke