Baraya,

Satadina mah moal buru-bur nulis ieu laporan jalaran bade ngabakian heula laporan ti Kusnet warga jakarta anu sasatna salaku candolina (nu mangku) eta hajatan. Ngan geuningan di dagoan tepi ka jam sakieu jeung tepi ka geus aya anu nataroskeun (Kang Iim), teu acan embol-embol hiji ge laporan teh (duka upama salila ieu posting diserat mah, aya sugan). Sigana Kusnet Jakarta teh keur pakupis nombokan biaya hotel, da eta bae cenah lumayan gede oge kurangna teh, 2 kali lipetna tina hasil kencleng anu dijagragkeun dina sisi panto asup rohangan panglawungan, di Hotel Santika, Slipi, Jakarta tea.

Laporan singket bae, saba'da anjog ka tempat panglawungan anu rada telat, kami 5-an ti Bandung (+Ua Sas, Bah Wily, MJ, jeung Neng Wida) tuluy bae aub ka jero panglawungan anu keur rame adu renyom perkara sajarah jeung basa Sunda. Enya aya pangaruhna panglawungan diayakeun di hotel siga HS teh, eta rada "sarius" dina padungdenganana. Anu keur dihurup ku nu haladir harita teh nya Mang Ayat tea salaku nara sumber dina acara kahiji sanggeus bubuka, dimoderatoran ku Kang Ikmal (anu sumping sareng kikindeuwanana, wilujeng muga lungsur-langsar dugi ka bale nyuncung).

Kacindekan tina materi anu didugikeun ku Mang Ayat jeung diskusi saba'dana, anu kacekel ku si kuring, nya taya lian yen sajarah Sunda teh aya dikieuna. Bukti-buktina, sanajan sabagean kudu geten ditalungtik, seueur keneh. Atuh Naskah Wangsakerta (NW) numutkeun Mang Ayat mah sah salaku sumber sajarah. Malah anjeunna bade medalkeun khusus (buku?) ngeunaan NW anu netelakeun yen NW teh sah salaku sumber sajarah.

Pon kitu deui,  ngeunaan usaha-usaha US pikeun ngeuyeuban jeung mulasara bukti-bukti sajarah kawilang kuat, diantaran kulantaran ayeuna tos aya perda ngeunaan hal eta (bareng jeung kaluarna perda ngeunaan basa jeung kasenian daerah). Lebah dieu katingal, Mang Ayat masih keneh percaya ka lembaga jeung kawijakan pamarentah (enya atuh, piraku bae, da teu aya nagara anu dikokolakeun/diparentah ku....LSM, upamana).

Saba'da istirahat, panglawungan diteruskeun ku padungdengan sakumaha dina agenda anu tiheula geus diiberkeun. Acara anu kadua ieu dibuka ku pintonan bahan anu ti Kang Ganjar tea, ditema ku SWOT beunang ngumpulkeun sorangan tina hasil KIBS 2000 + bahan-bahan ti milist, dituluykeun ku bahan panganteur diskusi ti Kang Tirta. Padungdengan parat tepi ka tabuh satengah lima pasosore.

Eusi padungdengan anu poko diantarana, saba'da ngaanalisa bahan-bahan anu dipintonkeun jeung padungdengan khas urang Sunda anu egaliter jeung demokratis tea, tepi ka moderator rada kawalahan, diantarana nyaeta nyoko kana program jangka pondok anu sakirana kadada jeung kaduga (realistis) dilaksanakeun ku Kusnet, bil khusus Kusnet Jakarta. Diantara kacindekanana teh kieu:

1. Aya 4 poko garapan pikahareupeun anu nyoko udagan jejer padungdengan/sababna aya panglawungan atawa pasoalan kasundaan anu samemehna dipintonkeun jeung diadurenyomkeun. Anu 4 teh ngawengku kana: (mulasara) titinggal sajarah, partisipasi pulitik,  organisasi kasundaan, jeung ngeunaan basa.

2. Tina pasoalan anu opat, program Pabukon anu diancokeun utamana pikeun ngubaran pasoalan ningkatkeun partisipasi politik (sacara teu langsung, ceuk MJ mah: mere atikan (ngeunaan kasadaran kasundaan) ka barudak, ibarat nulis dina batu), sigana bisa jadi unggulan atawa program anu penting pisan ditingkatkeun deui ngokolakeunana. Sabab, Pabukon teh bisa jadi ubar atawa salah sahiji solusi anu ngawengku kana 3 pasoalan sesana. Dina panglawungan aya kacindekan, yen Pabukon seja dironjatkeun kalawan seja didata daria ngeunaan sagala rupana, utamana kabutuhan buku-buku jeung hasilna salila ieu. Malah Kang Tirta mah aya pamenta sangkan ngayakeun "pemetaan" (mapping) ngeunaan Pabukon. Atuh pon kitu deui, MJ jeung Ua Sas nguatan ku dadaranana anu lumayan rinci ngeunaan Pabukon. Ceuk MJ dina eta riungan, mun bisa mah sanajan kapangurusan Kusnet gunat-ganti, Pabukon mah kudu tetep aya/lumangsung.

3. Pikeun ubar soal organisasi kasundaan, kacindeka program jangka pondok anu seja dipigawe dina taun ieu teh diantarana ngaronjatkeun silaturahim ka organisasi-organisasi jeung inohong-inohong kasundaan/Sunda. Kang MGT meupeujeuhan pisan sangkan program ieu bener-bener bisa kalaksanakeun dina taun 2005 ieu kalawan daria tur rada kerep.

4. Pikeun milu ngurangan kana pasoalan mulasara bukti/titinggal sajarah, program anu dianggap realistis bisa kalaksanakeun ku Kusnet teh nyaeta wisata sajarah. Ringkesna, dina taun ieu minimal sakali mah anggota Kusnet, sakumaha bae lobana, ngahaja ngayakeun "napak tilas" atawa lolongok ka patempatan-patempatan anu kawentar salaku kabuyutan atawa lokasi titinggal sajarah. Tempat jeung waktuna engke seja dipadungdengkeun deui. Program sejenna anu masih dilalanyahan dina lebah dieu nyaeta nyusun buku (ngeunaan sajarah utamana mah). Bahan-bahana mah geus sakitu ngahunyudna di arsip file milist. Sugan bae atuh katanagaan.

5. Pikeun pasoalan pakait jeung partisipasi pulitik, salian ti Pabukon, oge diancokeun dina taun 2005 ieu, kagiatan ngaronjatkeun kasadaran masyarakat US ngaliwatan sosialisasi. Bahan-bahan pikeun sosialisasi geus nyampak, malah, dumasar pamendak/usulan Mang Ayat, aya hadena dina lebah dieu Kusnet teh gawe bareng jeung sababaraha organisasi kasundaan anu dina taun ieu ngarencanakeun ngayakeun sosialisasi kasundaan. Hal ieu oge minangka panumbu catur pang pinunjulna tina bahan anu dikintunkeun/kalayan kasaean Kang Ganjar (jejer ngayakeun keurseus tea dina power point ti anjeunna);

5. Lebah pasoalan ngeunaan basa, icikibung Kusnet anu realistis dina taun 2005 disaluyuan diantarana: anggota Kusnet kudu aub kalawan aktif di milist-milist kadaerahan. Nya kitu, saur Kang MGT tea mah, sakalian urang posting ka urangsunda jeung kisunda, postingkeun oge babarengan bahan anu sarua ka eta milist-milist kadaerahan. Ku cara kitu, minimal baris tembong yen basa Sunda teh geuningan diparake, lain bae ku US anu aya di TS /Indonesia, tapi tug tepi ka seueur ti US anu nuju ngalumbara di mancanagara. Dina lebah dieu, US Sas ngemutan anu haladir, yen satemenna tos seueur ngeunaan kamus Sunda, kantun sosialisasina bae. Rupina anu ieu oge baris dikaitkeun kana program sosialisasi tea.

Rupina sakitu heula anu tiasa kapihatur, kirang langkungna nyuhunkeun pangropea ti sadayana, khususna ti anu haladir di panglawungan Kusnet mangkukna di Hotel Santika, Jakarta.

Dina kasempetan ieu, sakantenan sim kuring nganuhunkeun ka panitia ti rengrengan Kusnet Jakarta anu tos sakitu tihot-hatna dina nuturusan ieu acara ti kawitan rarancang tug dugi ka lumangsungna kalawan lancar tur hasilna kawilang munel. Ka Kang Tirta (nyaan daria pisan gan), Kang Rachmat Rawyani (hatur nuhun bukuna gan, oge dokumentasina agehan salambar mah...hehehe...manawi teu kaabotan), Kang Akos (nyaan pantes pisan lamun calik salaku salah saurang anggota OC dina hiji panglawungan badag, kaawakan ku salira mah hehehe), Teh Imas (tah ieu ningan Srikandi panitia panglawungan teh, hatur nuhun), Kang Ikmal (sae kulan, salaku moderator, hatur nuhun), Neng Ani (nuhun parantos sehat deui sareng ngiring aub di panitia, malah dina pantos pisan nalingakeun anu bade ngeusian kencleng...hehehe. Juni tea, cios?), bojona Kang Agus (sami, ngarencangan Neng Ani), Neng Adhe (sanaos sumping ti pengker, jalaran pancen tea, namung lebah urusan tempat sareng logistik mah si kuring terang pisan,
icikibung salira kalintang ageungna kana lancarna ieu acara). Kum ka sadayana bae, hapunten upami heunteu ditataan hiji-hiji.

Atuh ka Ua Sas sareng Bah Wiliy kalintan ngahaturnuhunkeunana. Ku kasaean afranjeuna, si kuring, MJ sareng Neng Wida  tiasa miang ti Bandung ngadeugdeug panglawungan bari teu riweuh ku urusan logistik di jalan.

Pamungkas, hatur nuhun ka Mang Ayat, Kang Ganjar (sanaos ti katebihan), Kang MGT anu parantos mamaparinan bahan padungdengan. Oge ka sadayana anu haladir sareng anu rumojong kana ieu acara, kalintang nganuhunkeunana.

Baktosna,
manAR 



           
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke