Ari rek nyonto seler wetan hog-hag nyarita make basa manehna lamun panggih jeung babaturanana mah asa hese pikeun urang Sunda mah. Teu kitu kumaha atuh, basa kuring sakola di ITB, da basa kadua sabada Bahasa Indonesia teh Basa Jawa, padahal pan Bandung teh puseurna Parahyangan. Kitu deui salila kuring digawe di Depok, deuih basa kadua teh Basa Jawa. Ayeuna kuring ngumbara di Perancis, mindeng pisan caritaan kuring dibales ju babaturan make Basa Jawa. Antukna salila di Perancis kecap-kecap nu nambahan teh lain kecap-kecap Basa Perancis, tapi kecap-kecap Basa Jawa... Nyeta atuh, aya ku teungteuingeun nya nasib...
AJ --- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ngadongeng noong ka kolong teh salian keur > panineungan > ka lembur, oge pikeun ngolongan sugan aya dongeng > baraya perkara tuang toong. cing ayeuna urang noong > seler sejen, dina hal naon anu jadi kaunggulan > budaya > maranehna, anu bisa ngahasilkeun maranehna survive. > biasana upama urang ninggali seler sejen sok rada > apriori, nu katinggal ngan kagorenganana. padahal > tangtu wae aya kaluhungan-kaluhungan anu jadi watek > eta seler, nu bisa ngajadikeun manehna nyaliara ka > mana-mana. mislna urang cina jeung jawa. > > sugan aya pangalaman baraya, cing pang noongkeun > urang > jawa. naon kira-kirana kaunggulan maranehna. > sementara > nu katinggal ku kuring, upama urang jawa panggih > jeung > baturna hog-hag ngobrol make basa jawa. kumaha kang > tito, teh tien lu lami di jawa. oge baraya sanesna. > naon kira-kira kaunggulan urang jawa nu bisa jadi > bahan pieunteungeun urang sunda. > > salam, > mh > > --- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur > > leutik ku tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh > > bae keur meujeuhna kembang pakarangan ceuk babasan > > mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang > > kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da > > pacilingan teh sasatna di jero imah, lebah manah > bae > > asal aya conggang (di Garut mah "rongrang" tea > lain, > > istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, nya > didinya > > hajat leutik teh dilepaskeunana. > > > > Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka > balong. > > Da nyakitu, di tempat anu loba balongan mah, > balong > > teh mindeng papipir jeung imah. Tah, lebah > > ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi > pamiceunan > > leutak anu geus lila nyaeuran balong. > > > > Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda > teu > > lepas oge ti kolong. Kolong imah, nyimpen sagala > > rupa panineungan jeung sajarah anu nyicingan eta > > imah. Ieu teh, pakait jeung judul jejer, asa > > ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka > > hareup, babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka > > sadapan" teh meujeuhna ditambahan nu "noong ka > > kolong". > > > > baktosna, > > manAR > > > ===== > dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/ > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > protection around > http://mail.yahoo.com > __________________________________ Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web http://birthday.yahoo.com/netrospective/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

