Wilujeng Kang Yaya,
Reueus lah, boga dulur nanjeur di nagri batur. Kalintang ngarojongna kana sadaya anu ayeuna dipidamel ku salira di Korea. Cobi Kang, hiji waktos sareng upami aya waktos mah nyerat hiji artikel populer keur US di media US, ngeunaan komditi Indonesia anu ku salira nuju dibajoangkeun sangkan diangken ku nagri ginseng salaku komiditi ekspor ti urang. Tada teuing baris manfaatna. Enya, sapuk, tong waka geruh heula Kang nu kararitu mah. Ongkoh baraya Kusnet, utamana anu di jakarta, sigana loba anu rancingeus kana info sarupa kitu mah. Malih mah Ua Sas saurna upami tos pansiun bade oge ngebon. Kumaha Kang Akos, Kang Tirta, sapuk? Ari si kuring onaman seja panglayar bae, sugan atuh Kang Dadang anu tos puluhan taun ngebon di wetan tiasa nyambung sareng salira. Kang Dadang, sanaos teu acan aktif di milist, keur si kuring mah hiji fenomena. Biasana urang wetan anu sok ngumbara tuluy idek liher dumuk jeung digarawe di TS, ari Kang Dadang mah sawangsulna. Anjeunna pituin urang Garut, kekebonan di wewengkon Jatim tos aya 22 tauna. Gaduh karyawan sareng badega urang ditu, tangtu bae. Mangga ka kadang wargi anu aya minat hoyong wanoh sareng guguru ngebon sareng Kang Dadang, Insya Alloh sim kuring tiasa nguhubungkeunana. Pamugi bae atuh, ngawitan tina milist, manjang ka alam nyata, janten hiji kagiatan anu kalintang mawa manfaatna keur balarea. Tah ieu anu si kuring resep ka milistb teh. Baktos, manAR --- In [email protected], Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, tadi wengi, kusing ngobrol jeung Ibu Ageung > Megawati Sukarno Putri. Bisa ngobrol langsung teh > alatan ku Koneng Gede (temu lawak tea). > Heuheuy..deudeudeuhhh, ngobrol jeung Ibu Ageung (baca: > Ibu Gede), kualatan Koneng Gede. Kaambeueun euy yen > kuring gawe nalungtik koneng gede....ah teu dibajakeun > kabeh..bisi hayong engke teh mantenna melak koneng > gede keur jualeun ka Korea, karunya atuh patani > hehehehehehe.....mangkaning geus naratas usaha jeung > urang Kusnet (Kang Dadang & Kang Oman) dina widang > Koneng Gede teh.... > > Sapuk baraya???? > > KangYa > Tungtung Seoul > > > > > __________________________________ > Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! > Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web > http://birthday.yahoo.com/netrospective/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

