Tadi wengi nampi kaos ti Mj anu ngaliwatan kang dian van batam,
sae euy kaos teh.... ngan hanjakal pas dicobaan..
beu... cukup mah cukup, ngan palebah patuanganana asa eungap,
kieu ari boga awak teu stabil teh eung... make kaos ukuran "All Size" teu bisa merenah,
 
Mj... tiasa teu ukuran kaosna, sanajan "All size" tapi rada diageungan sakedik, siga kaos nu sateuacanna,
soalna urang batam mah salubur palebah patuanganana... iwal kang ule, kang dian jeung kang iyan ketang, hehehe..
atawa langkung saena mah nganggo ukuran we atuh kaos teh... S, M, L, atawa XL...
 
Alhamdulillah tadi enjing2 ningalikeun kaosna ka US nu aya di pabrik,
aya 7 urang anu paresen... mung nyaeta nu paresenna rata2 anu salubur pas beuteungna...
ngke ku abdi dikordinir heula, sugan nepi ka saratus nu paresenna... hehehe...
 
baktos
 
Panzi van batam


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke