Haturan kang JH ( naha landihan teh jadi ngalelep kitu, pedah seueur jalak-jalak sanesna kitu)
Perkawis makam karuhun, panginten tos diatur tidituna nganggo tempat pinilih. Naha sok diluhur gunung atawa di tempat suni anu jauh kaditu kadieu? Pamendak abdi mah kieu. Kabiasan karuhun teh pan sok tapa atawa nyepen, anu cocok pikeun tatapa ,nya mun teu di luhur gunung, sisi walungan atawa dinusa ( tengah situ atawa dano). Kadang dugi kahiyangna atawa dugi kapalastra ge sok ditempat patapaanna. Katambah dugi kaayeuna tos dianggap mitos mun ngaganggu makam karuhun, boh tatangkalan atawa tutuwuhanana sok aya mamalana. Jadi tara digaranggu da sieun tea. Nya antukna tatangkalan diwewengkon makam karuhun, sok aya nu dugikeun ka janggotan tur ngagumpluk hejo mun disawang ti kaanggangan. Matak mun gunung handapna bolenang dikarebonan, luhurna aya nu ngagumpluk tara diharu ganggu pasti diluhur gunung eta teh aya makam karuhunan. Proyek Jatigede nuju dihangkeutkeun deui, sakedap deui patilasan karuhun kantun tapakna. Najan kitu, mudah mudahan karuhun urang ridoeun, da panginten moal enya diganggayong salamina, kapaksa ngelehan, asal jang kamaslahatan balarea sarta danana teu dikarorupsi. Mudah mudahan jaga sabada ngadegna ieu proyek, hususna tatar sumedang umumna tatar pasundan sing karasa mampaatna tur jang kamakmuran balarea. Sakumaha anu tos kaalamanan,makmur tur mahsyurna, karajaan Sumedang Larang kapungkur. Heuheuy kawas nu enya. SR ----- Original Message ----- From: Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Thursday, March 03, 2005 9:03 AM Subject: [Urang Sunda] Makam para Para karuhun. > > Kunaon makam para karuhun urang ayana sok di nu tempat > anu pohara spesifik-na, diluhur gunung anu pang > hadena, disisi walungan, atawa di pulo di tengah situ. > > Makam Taji Malela(G.Lingga Cimarga Cisitu > Sumedang),makam Mbah Jayaperkosa di Ganeas, anu aya di > Gunung, pohara tiisna.Makam Raja-raja Sumedang anu aya > disisi Cimanuk. Makam Raja Galuh anu aya di tengah > pulo? > > Asa aya dina tempat anu jauh(Beyond > Imagination).....tapi deukeut. > > DS > > ===== > Pileuleuyan! alam Jatigede anu bakal tilem jeung karuhun, jeung Bapak. Hoream alam katukang. > > ________________________________________________________________________ > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" > your friends today! Download Messenger Now > http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

