Hatur nuhun saderek ZAM katampi ku asta kalih...
henteu acan peupeus hate mah....
mung peunggas harepan mah kantos... heuheuheu...
 
ssw
 

"Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan Bah Siddik, kumaha damang ?
Kaleresan abdi aya nu apal lagu Goletrak sareng Hiji Catetan. Mung nya kitu ngandelkeun cangkeman bae, duka leres duka henteu rumpakana mah.
 
Hiji Catetan
Geus lawas carita urang duaan,
Anu munggaran nitipkeun asih kaheman,
Teu laas sanajan mangsa geus lawas,
Kedalna lisan satia rek babarengan,
Harepan ngayunkeun ka mega malang,
Rek nyusul bentang laksana nyandingkeun bulan,
Mekarna kembang endah pangharepan,
Potret ingetan mukakeun hiji catetan,
Tapi kiwari ngan kuring anu ngageuri,
Cuang-cieung ngan sorangan,
Honcewang hate lalewang,
Nu miasih dipeupeurih,
Nu mitineung ditinggalkeun,
Teu sangka bet jalir jangji,
Ku harianeun,
 
Goletrak
Paingan atu paingan
Teu tebih ti sangka ati,
Gusti kagungan panyawat,
Panyawat nu langkung
Lantip,
Teu kaop lepat saeutik,
Gusti teh babari bendu,
Sarupi mundut lantaran,
Hoyong pisah duh sareng
Abdi,
Mun kitu mah,
Midamel pucuk ti
Girang
 
(Bah Siddik kantos peupeus hate kitu ?)
Tansah,
ZAM


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke