Wa'alaikum salam wr. wb.,
 
Ieu pamairan langkung condong kana jejer "diajar" paeh tinimbang adat kapapatenan. Namung heunteu sawios, ku sim kuring diringkelkeun di dieu bae, bane ku hoyong ngawilujengkeun seratan-seratan buhun sarae model anu dipostingkeun ku Kang Ganjar anu dipairan ieu.
 
Numutkeun Abah Surya, di Cianjur kantos nyaksian hiji sepuh anu terang waktosna maot, kalayan maotna teh dianteurkeun ku panggesek rebab. Upami teu lepat, ti ngawaitan sasayogian dugi ka lesna ngantunkeun ieu alam anu fana teah aya 10 gesekan anu masing-masing beda wirahmana. Anu ngagesek rebabna teh putrana, kalawan sepuhna, anu bade maot tea, saregep ngadangukeunana. Unggal gesekan nincak hambalan anu saterusna ti mimiti kahiji, anu bade ngantunkeun teh nyarios atanapi ngalokan sora rebab. Upamana bae dina gesekan ka 7: "Seug ujang, geus nincak taraje anu ka-7 nya, sok sing tawekal, sakeudeung deui abah nincak kana waktuna mulang, sok taekeun kana gesekan anu ka-8", kitu saurna, dugi ka lesna ngantunkeun dina gesekan ka 10.
 
Wallohu a'lam, anging Alloh anu uninga. Lamun enya teh kitu, leuh tada teuing beungharna elmu kasundaan. Lamun dileukeunan mah, tepi ka waktuna maot oge apal.
 
Baktos,
manAR 

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr.Wb.

Kangge pangaweruh umum, kasanggakeun Adat Kapapatenan di Conggeang, dicutat tina Poesaka Soenda Nomer 6 -- Desember -- 1923.


...........................................................................
...........................................................................
Ieu dihandap diserat, kenging nyutat tina buku panglayang Bat.’Gen (duka naon tah? -- pen), karangan Rad. Karta Winata Djoeragan Patih Soekabumi marhum (nalika nyepeng damel di Sumedang), bab adat kapapatenan orang desa Bengang, Kacamatan Buah-dua distrik Conggeang, apdeling Sumedang.
Adat ieu teh ancal-ancalan ayana, ngan kari jelema anu acan sakumaha kapanjingan agama Islam baé, nya éta di anu ngukuhan kénéh bubuhunan, kitu ogé dina pok-pokokanana mah geus réa lambonana (Naon pihartoseunana nya? – pen), campur Sunda, Arab jeung Jawa.

Anu rék maot keur ngahanju rék ngaleupaskeun nyawa, lain didikiran atawa dipangajikeun, tapi dikawihan         laguna geus ngabaku cara kawih pantun atawa cara lagu ronggéng. Kieu pok-pokan kawihna :

      Tobat Allah
      Eling-eling kai jisim
      Bubuhan ku kakolotan
      Tumurub cahyaning Allah
      Tobat Allah Wali yullah
      Tobat Allah Tuwan Tuban
      Nya Tuan Pangeran Isun
      Mikalulu sipat wolu
      Dikamudi iman tohid
      Dibosehan ku maripat
      Tihang layar pancer iman
      Sukma mulih badan pulang
      Nya mulang ti alam dunya
      Nya mulih ti dalem bumi
      Kulincer di lemah suci
      Datangna ka rahmat tullah
      Lantas ka jati sampurna
      Ya hu, Ya Allah, Ya hu, Ya Allah
.......................................................................................
Dikawihan nepi ka lastarina; Sanggeus les kakara eureun sarta mayit dirurub. Dina nyiramanana ogé aya anu kudu dipapatkeun, kieu pok-pokanana:
 



Ganjar Kurnia



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday!
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Reply via email to