--- In [email protected], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Assalamualaikum,
> Baraya asa ku hareeng ngeunaan ambalat. 4 pesawat f16 ayeuna keur 
disiagakeun di balikpapan. Kang MH kumaha di malaysia hareeng oge 
henteu? Boa-boa jadi perang teh....
>  
> nana

================

Ari ceuk sim kuring mah kieu :


Jalantah atawa haji ?

Cenah mah ngabebaskeun nagara 
tina kazoliman pamimpina
ngarah rahayat ulah sangsara
apan aya kuring nagara adidaya

Nagara saribuhiji geus dibebaskeun
tapi geuning rahayatna teu ngabageakeun
jalanan sepi bakating ku sieun
ku tangtara penjajah nagara deungeun

Bejana pembebasan diteraskeun ka suriah
Padahal mah euweuh jalantah atah
Naon atuh maksadna hayang ngajajah
Naha  pamarentahna atawa agamana nu salah

Boa engke oge Persia kabagean
Da pedah boga minyak atah tujuh turunan
Nya dipake cukang lantaran
Diserbu diratakeun eta nagara nu ngarana Iran

Afghanistan mah geus rusak diboman
Nya tatanggana wae nu ngaranana Pakistan
Dibebaskeun bongan pamarentahan tyran
Nya diteruskeun wae ngarah sakalian

Turun ka nagarana Mathatir disemenanjung
Bongan nyebut ka nagara adidaya nurustunjung
Teu pantes boga gedong nu luhur nyungcung
Nu kitu mah ngan ukur dinagara nu irungna mancung
 
Nyebrang laut ka nagara opatpuluh selir tea
Nagara beunghar rea hasil bumina
Pan ieu pulo panggedena sadunia
Pulo-pulo laenna mah teu sapira

Ti nagara sarebihiji
nepi ka nagara Ibu Pertiwi
Anu dituju teh geuning ngan hiji
Jalantah atawa haji

abah Joe.

=======

Jigana mah ieu mah jalantah. Saha ditukangeunnana eta nu pentingna.
Gombalisasi eeeh globalisasi.....ngajajah bangsa batur model anyar.
Daek henteu urang sa-Agama silih bedil ?? Tapi mun poekeun ku 
kaduniaan, bisa wae silih paehan.

Inget nagara sarebu hiji vs kuwait. Nagara sarebu hiji vs Persia.
PaK kistan vs tali Ban. Turki vs nagara seribu hiji.
Ayeuna urang jeung Encik Ramlee. Beu...beu...tsunami acan ge 3 bulan 
geus rek ngamimitian deui ngorbankeun nyawa manusa ?

Sarakah sipat syaiton/Iblis kalahka diturutan. Boa "si Jadal" geus 
datang. Bule, irung mancung, mata bulao, banderana sarua jiga bandera 
Encik Ramlee ngan bentangna baranang lima puluh siki !

Kirim AA Gym ka nagar Encik Ramlee, sina dakwah diditu !

Abah Joe







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke